BGN Luncurkeun Aplikasi Reviu MBGPenerima Kini Bisa Nilai Langsung Kualitas Makanan
BGN Luncurkeun Aplikasi Reviu MBG
Penerima Kini Bisa Nilai Langsung Kualitas Makanan
JAKARTA - Warta Sunda Online,-
Badan Gizi Nasional (BGN) resmi ngaluncurkeun aplikasi Reviu MBG dina 26 Méi 2026 pikeun ngaronjatkeun pangawasan kualitas Program Makan Bergizi Gratis (MBG). Ngaliwatan aplikasi ieu, panarima mangpaat bisa langsung méré peunteun kana kadaharan anu ditarima, dumasar kana opat indikator, nyaéta katepatan waktu distribusi, aroma, rasa, jeung variasi menu.
Wakil Kapala BGN Bidang Operasional Pemenuhan Gizi, Sony Sonjaya, nétélakeun yén aplikasi ieu dimaksudkeun pikeun ngaronjatkeun kasadaran sarta tanggung jawab sakumna pelaksana program. Hasil panilaian bakal dijadikeun bahan evaluasi kinerja unggal Satuan Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG), sanajan dina tahap awal can dipaké pikeun méré sanksi.
BGN ogé keur nyiapkeun dashboard publik anu bakal nembongkeun data kualitas jeung distribusi MBG di rupa-rupa daérah sacara transparan.***
0 Response to "BGN Luncurkeun Aplikasi Reviu MBGPenerima Kini Bisa Nilai Langsung Kualitas Makanan"
Posting Komentar