Halal Bihalal 2026 di SukataniKolaborasi Silaturahmi PGRI, Porkopicam, PWRI dan MUI
Halal Bihalal 2026 di Sukatani
Kolaborasi Silaturahmi PGRI, Porkopicam, PWRI dan MUI
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Kaayaan pinuh ku kahaneutan jeung kabersamaan karasa dina acara Halal Bihalal 2026 nu dilaksanakeun di GOR PGRI Cabang Sukatani Purwakarta, Kemis 2 April 2026. Kagiatan ieu jadi momen penting pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antara PGRI, Porkopicam, PWRI, jeung MUI sanggeus Lebaran.
Acara anu lumangsung kalayan khidmat ieu dihadiran ku unsur Muspika, tokoh masarakat, para guru, ogé para purna tugas anu masih kénéh aktip ngabaktikeun diri dina kahirupan sosial jeung kaagamaan. Kolaborasi ieu dipikaresep minangka wujud sinergi antar lembaga dina ngajaga ajén kabersamaan.
Dina biantarana, Ketua PWRI Kabupaten Purwakarta, Drs. H. Aep Rusjaman Kartiwa, nétélakeun yén anggota PWRI téh lain saukur pensiunan. “Urang téh lain purna bakti, tapi purna tugas. Sanajan geus pensiun, urang tetep ngabaktikeun diri ka nagara jeung agama,” saur anjeunna kalayan sumanget.
Camat Kecamatan Sukatani, Asep Senjaya, S. Ip, pihakna ngeridkeun 14 Kepala Desa sa-Sukatani ogé Tim PKK pikeun hadir dina kagiatan Halal Bihalal silaturahmi ieu.
Samentara éta, mantan Kasubag TU Kecamatan Sukatani, H. Aa, ogé nepikeun pesen ngeunaan pentingna ngajaga silaturahmi jeung kaharmonisan di lingkungan masarakat jeung pamaréntahan.
Di sisi séjén, Plt. Ketua PGRI Cabang Sukatani, Eep Saepudin, S.Pd, ka Warta Sunda Online, nekenkeun yén peran guru kacida pentingna dina ngawangun karakter generasi ngora, bari ngajaga ajén persatuan ngaliwatan kagiatan silaturahmi saperti Halal Bihalal ieu.
Lain halna ceuk Anis (Pengawas SD Manten), dirina hadir dina kagiatan éta téh, ngiring reueus lantaran di Kecamatan Sukatani, marilu aub ti mimiti Porkopicam, Para Pensiunan, PGRI tur MUI. Ieu nandakeun yén kakompakan dina nanjeurkeun silaturahmi hablu minanas.
Acara ditutup ku doa babarengan jeung ramah tamah, nu nambahan suasana akrab di antara para hadirin. Dipiharep, kagiatan ieu bisa terus ngajaga silaturahmi sarta nguatkeun kolaborasi antar lembaga demi kamajuan masarakat di Sukatani jeung sabudeureunana.***
1 Response to "Halal Bihalal 2026 di SukataniKolaborasi Silaturahmi PGRI, Porkopicam, PWRI dan MUI"
Sukses, Alhamdulilaah, smg penuh Barokah seterusnya, Aamiin YRA.
Posting Komentar