Amel, Béntang Atlétik SDN 9 Ciseureuh Juara O2SN Kec. Purwakarta 2026
Amel, Béntang Atlétik SDN 9 Ciseureuh Juara O2SN Kec. Purwakarta 2026
Tekad nu kuat jeung latihan disiplin ngantarkeun Amelia Inda Putri Susilo, siswi kelas 5 SDN 9 Ciseureuh, hasil jadi Juara 1 cabang Atlétik Putri dina ajang O2SN tingkat Kecamatan Purwakarta 2026 anu digelar di Lapang Citalang dina ahir April kamari.
Amel, panggero sapopoéna, lahir di Purwakarta, 17 Séptémber 2015. Putri ti pasangan Dida Susilo anu damel di Pemda Karawang jeung ibu Sutini ieu memang geus resep kana dunya olahraga ti leuleutik. “Ti kelas 3 SD, Amel geus resep milu lumpat bareng bapana waktu olahraga isuk,” saur Sutini.
Sanajan dina O2SN kali ieu Amel turun dina cabang atlétik jeung hasil jadi nu panggancangna, hobi utamana mah sabenerna olahraga voli. Budak awéwé umur 10 taun ieu rutin latihan voli sanggeus sakola. Teu héran lamun cita-citana ogé teu jauh ti lapang: hayang jadi pamaén voli profesional sarta ngabéla timnas Indonésia.
“Latihan atlétik jeung voli téh nyambung. Stamina jadi leuwih kuat, léngkah jadi leuwih gancang. Koncina ulah males hudang isuk keur lumpat,” ceuk Amel bari seuri.
Guru PJOK SDN 9 Ciseureuh, Dony, ngaku teu héran ku préstasi Amel. “Amel téh budak anu boga kahayang kuat. Unggal jadwal latihan sok datang pangheulana. Di sakola ogé rajin milu ekstrakurikuler atlétik jeung voli. Sacara fisik posturna alus, tapi nu pangpentingna mah mentalna,” jelasna.
Kapala SDN 9 Ciseureuh, Rahmat Gunawan, ogé nyatakeun rasa banggana. “Amel téh disiplin jeung handap asor. Mugia bisa terus ngukir préstasi sarta lolos nepi ka tingkat nasional,” pokna.
Kameunangan di tingkat kacamatan ieu ngajadikeun Amel jadi wakil Kecamatan Purwakarta dina O2SN tingkat Kabupaten Purwakarta. Ayeuna manéhna keur leuwih fokus nambahan porsi latihan, dibarengan ku guru PJOK jeung kolotna.
Biodata Singket
Ngaran: Amelia Inda Putri Susilo
TTL: Purwakarta, 17 Séptémber 2015
Sakola: SDN 9 Ciseureuh, Kelas 5
Préstasi: Juara 1 Atlétik Putri O2SN Kec. Purwakarta 2026
Kolot: Dida Susilo & Sutini
Hobi: Olahraga Voli
Cita-cita: Pamaén Voli Profesional
0 Response to "Amel, Béntang Atlétik SDN 9 Ciseureuh Juara O2SN Kec. Purwakarta 2026"
Posting Komentar