"DPD PSI Purwakarta Gelar Pasar Murah, 2.000 Hayam Disadiakeun”
"DPD PSI Purwakarta Gelar Pasar Murah, 2.000 Hayam Disadiakeun”
PURWAKARTA – WSO,- Ngadeukeuta Ahir bulan suci Ramadhan 1447 H, Dewan Pimpinan Daerah (DPD) Partai Solidaritas Indonesia Kabupaten Purwakarta ngayakeun kagiatan pasar murah hayam potong di Désa Pasir Angin, Kecamatan Darangdan, Kemis (19/03/2026).
Kagiatan ieu dilaksanakeun minangka wujud kapeka sosial ka masarakat, lantaran harga hayam potong nu terus naék lalaunan saprak awal bulan puasa. DPD PSI Purwakarta, kalayan idin ti DPW PSI Jawa Barat, nyandak léngkah nyata ku ngayakeun pasar murah pikeun ngurangan beban warga.
Dipikanyaho, harga hayam potong di pasaran ayeuna aya dina kisaran Rp35.000 nepi ka Rp45.000 per kilogram. Tapi dina kagiatan ieu, warga bisa meuli ku harga leuwih mirah, nyaéta Rp25.000 per kilogram.
Pihak panitia ogé nyayagikeun kurang leuwih 2.000 ekor hayam hirup pikeun nyumponan kabutuhan warga nu kacida sumangetna, utamana ngajelang Idul Fitri.
Ketua DPD PSI Purwakarta, Hoerudin, ngeceskeun ka Warta Sunda Online yén ieu kagiatan téh minangka salah sahiji ikhtiar pikeun ngabantu masarakat.
“Ieu minangka bentuk kapedulian kami ka warga Purwakarta, utamana ngajelang lebaran. Kami hoyong ngurangan beban masarakat ku nyadiakeun kabutuhan pokok kalayan harga nu leuwih kahontal,” saur anjeunna.
Sumanget warga katingali ti isuk kénéh. Salah sahijina nyaéta Oyoh, warga Kampung Cijolang, Darangdan, nu geus datang ti isuk-isuk pikeun antri supaya meunang hayam potong kalayan harga murah.
“Abdi kacida kabantuna ku ayana pasar murah ieu, komo deui ngajelang lebaran kabutuhan beuki loba,” ceuk anjeunna.
Ku ayana kagiatan ieu, dipiharep bisa ngabantu masarakat dina nyumponan kabutuhan pangan sarta ngajaga stabilitas harga di tengah ningkatna paménta ngajelang poé raya.* Anto


0 Response to ""DPD PSI Purwakarta Gelar Pasar Murah, 2.000 Hayam Disadiakeun”"
Posting Komentar