KDMP di Sinargalih Kabentur Lahan, Kades Nyuhunkeun Sinkronisasi Kawijakan Pusat–Daérah
KDMP di Sinargalih Kabentur Lahan, Kades Nyuhunkeun Sinkronisasi Kawijakan Pusat –Daérah
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Palaksanaan Koperasi Desa Merah Putih (KDMP) minangka salah sahiji program strategis pamaréntah pusat pikeun nguatkeun ékonomi désa, can sagemblengna bisa direalisasikeun di Desa Sinargalih, Kecamatan Maniis, Kabupaten Purwakarta. Hal ieu disababkeun ku kawatesan taneuh anu jadi sarat penting dina pangwangunan sarana koperasi.
Kepala Desa Sinargalih, H. Encang Supyani, netelakeun yén lamun ditilik tina sajarahna, pasualan taneuh ieu teu leupas tina prosés pangwangunan Sakola Menengah Atas (SMA) di wewengkon éta anu mimiti dirintis ti taun 2007.
Dina mangsa harita, ayana SMA téh sempet ngalaman rupa-rupa dinamika. Kaayaan sakola can ajeg, komo deui pikeun meunangkeun murid nepi ka 30 urang ogé jadi hal anu hésé pisan.
“Waktu harita kaayaan sakola masih kénéh gonjang-ganjing. Pikeun meunangkeun murid 30 urang ogé teu gampang,” saur H. Encang Supyani ka Warta Sunda Online.
Sapanjang waktos lumampah, sakola éta terus ngembang nepi ka ahirna resmi jadi SMA Negeri 1 Maniis. Ayeuna, SMAN 1 Maniis geus jadi salah sahiji lembaga pendidikan anu maju, kalayan jumlah murid leuwih ti 500 urang sarta kagiatan diajar-ngajar (KBM) anu lumangsung normal.
Nanging, dina prosés éta, H. Encang Supyani ogé ngajelaskeun yén anjeunna kungsi ngalaman jeda hiji periode dina jabatan kepala desa dina taun 2007, sahingga sababaraha rencana pamangpaatan taneuh pikeun kapentingan desa teu kaburu direalisasikeun sarta saterusna diteruskeun ku kapamimpinan desa salajengna.
Kaayaan ieu ayeuna jadi tangtangan serius dina ngalarapkeun program KDMP, anu sacara nasional digulirkeun pamaréntah pusat minangka bagian tina kawijakan pangwangunan désa jeung penguatan ékonomi rahayat. Dina tingkat propinsi, pamaréntah Jawa Barat ogé ngadorong optimalisasi aset désa sarta kolaborasi lintas sektor pikeun ngadukung kasuksésan program strategis nasional.
Ku kituna, Kepala Desa Sinargalih ngarepkeun aya sinkronisasi kawijakan antara pamaréntah pusat, propinsi, jeung kabupatén, hususna dina nyadiakeun solusi alternatif patali jeung lahan, sangkan program KDMP tiasa tetep lumangsung tanpa ngaganggu fungsi fasilitas publik anu geus aya.
“Pangwangunan ékonomi désa kedah saluyu jeung kaayaan lapangan. Perlu aya solusi babarengan sangkan program pusat tiasa luyu jeung kanyataan di désa,” pokna.***

0 Response to "KDMP di Sinargalih Kabentur Lahan, Kades Nyuhunkeun Sinkronisasi Kawijakan Pusat–Daérah"
Posting Komentar