WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2 PURWAKARTA –  Warta Sunda Online, - ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

CAMAT PURWAKARTA NYANGKING KAGIATAN ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW



CAMAT PURWAKARTA NYANGKING KAGIATAN ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW

Purwakarta – Warta Sunda Online,

Camat Purwakarta, Heri Anwar, S.H., Kp., M.M., nyangking kagiatan Isra Mi’raj Nabi Agung Muhammad SAW nu dilaksanakeun dina wengi Saptu, 31 Januari 2026, kira-kira tabuh 20.00 WIB.

Kagiatan kaagamaan éta lumangsung kalayan khidmat di Masjid Al-Hikmah, RW 12 Perum Panorama, Kalurahan Nagri Kaler, Kacamatan Purwakarta. Acara ieu diiluan ku unsur pamaréntah satempat, tokoh agama, tokoh masarakat, sarta jamaah jeung warga sakurilingna.

Dina éta kasempetan, Camat Purwakarta ngedalkeun pangajén kana kalumangsungan kagiatan Isra Mi’raj minangka mangsa pikeun ningkatkeun iman jeung taqwa, ogé pikeun ngaraketkeun ukhuwah Islamiyah di lingkungan masarakat.

Péperingatan Isra Mi’raj ieu jadi salah sahiji wujud nguatkeun ajén-inajén kaagamaan jeung budaya spiritual masarakat Purwakarta, saluyu jeung visi “Kacamatan Purwakarta Berbudaya.”

Acara dipungkas ku doa babarengan, ngarepkeun sangkan masarakat salawasna dipaparinkeun kasalametan, karaharjaan, jeung kamajuan dina kahirupan bermasarakatan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CAMAT PURWAKARTA NYANGKING KAGIATAN ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW"

Posting Komentar