WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2 PURWAKARTA –  Warta Sunda Online, - ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Poéan Kadua di Semester Genap, SMPN 8 Purwakarta Ngalaksanakeun Kagiatan Pembiasaan Kelas VII


Poéan Kadua di Semester Genap, SMPN 8 Purwakarta Ngalaksanakeun Kagiatan Pembiasaan Kelas VII


PURWAKARTAWarta Sunda Online

Asup kana poé kadua kagiatan diajar-ngajar (KBM) dina semester genap taun ajaran 2025/2026, SMP Negeri 8 Purwakarta ngalaksanakeun kagiatan pembiasaan pikeun peserta didik kelas VII.


Kagiatan ieu diiluan ku dalapan kelas VII anu ngalaksanakeun KBM dina shift 2, minangka bagian tina upaya sakola pikeun ngawangun karakter, ningkatkeun disiplin, sarta nyiapkeun mental jeung sikap diajar siswa dina mimiti semester.


Hal éta ditepikeun ku Yana Heryana, S.Pd., M.Pd, nalika diwawancara ku Warta Sunda Online di lingkungan sakola, Salasa (13/01/2026).


“Dina poé kadua semester genap ieu, urang museurkeun kagiatan pembiasaan pikeun siswa kelas VII. Tujuanna sangkan siswa bisa deui adaptasi jeung suasana sakola, ogé nanjeurkeun ajén disiplin jeung tanggung jawab,” pokna.


Pihak sakola miharep, ku ayana kagiatan pembiasaan ieu, sakumna siswa bisa ngaliwatan prosés pangajaran dina semester genap kalayan leuwih optimal, tartib, sarta pinuh ku sumanget. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Poéan Kadua di Semester Genap, SMPN 8 Purwakarta Ngalaksanakeun Kagiatan Pembiasaan Kelas VII"

Posting Komentar