Kepala SDN 3 Cilandak Nengetan Pentingna Kabersihan ka Murid
Kepala SDN 3 Cilandak Nengetan Pentingna Kabersihan ka Murid
PURWAKARTA — Warta Sunda Online
Kepala SDN 3 Cilandak, Kecamatan Cibatu, Kabupaten Purwakarta, Asep Ismail, S.Pd., M.Pd., nepikeun piwulang ka sakumna murid sangkan salawasna ngajaga kabersihan sakola boh kabersihan kelas.
Dina pesenna, Asep Ismail negeskeun yén ngajaga kabersihan téh mangrupa bagian tina atikan karakter, ogé saluyu jeung niléy 7 Poé Atikan NU, anu nekenkeun yén kabersihan téh kacida pentingna dina kahirupan sapopoé.
“Lamun sakola beresih, tangtu kaayaan diajar bakal leuwih merenah tur raoseun. Kabersihan téh lain ngan ukur kawajiban petugas wungkul, tapi tanggung jawab urang sadayana,” pokna.
Pesen éta ogé ditepikeun ku wawakil murid, nyaéta Dimas jeung Nayla Azzahra, anu ngadorong babaturanana sangkan babarengan ngajaga kabersihan kelas jeung lingkungan sakola minangka wujud disiplin jeung rasa paduli.
Samentara éta, Guru Kelas III, Evi Afiatin, S.Pd., maparin panginget ka murid sangkan ngabiasakeun hirup beresih ti mimiti leutik, boh di sakola boh di imah, lantaran kabiasaan éta boga pangaruh hadé pikeun kaséhatan jeung kanyamanan dina diajar.
SDN 3 Cilandak kiwari miboga 175 urang murid, kalayan dirojong ku 11 tanaga pendidik jeung kapendidikan. Sakola ieu ayana di Kampung Pasirmalang, Désa Cilandak, Kecamatan Cibatu, Kabupaten Purwakarta.
Kalayan ayana panginget ti kepala sakola jeung para guru, dipiharep sakumna warga sakola beuki sadar kana pentingna kabersihan salaku bagian tina atikan karakter jeung budaya sakola anu hadé.

0 Response to "Kepala SDN 3 Cilandak Nengetan Pentingna Kabersihan ka Murid"
Posting Komentar