Semarak Hari Guru Nasional & HUT PGRI ka-80, PGRI Cabang Maniis Gelar Jalan Sehat Meriah
Semarak Hari Guru Nasional & HUT PGRI ka-80, PGRI Cabang Maniis Gelar Jalan Sehat Meriah
Maniis/Purwakarta – WSO, 2 Désémber 2025.
Dina raraga miarkeun Hari Guru Nasional sarta Milangkala ka-80 PGRI, PGRI Cabang Maniis ngayakeun kagiatan Jalan Sehat anu lumangsung rame, meriah, sarta pinuh ku rasa kabersamaan. Rute kagiatan dimimitian ti SMPN 1 Maniis Stat Kp. Palumbon – Kp. Datar Tengah – Kp. Paleum, teras balik deui ka SMPN 1 Maniis minangka garis finis.
Kagiatan ieu diiluan ku leuwih ti 500 pamilon ti 28 satuan pendidikan ngawengku TK/RA, SD/MI, SMP/MTs, nepi ka SMA/SMK/MA anu aya di wilayah Maniis. Pamilon téh ngawengku guru, tenaga kependidikan, siswa, warga sabudeureun, sarta unsur pamaréntahan Kecamatan Maniis.
Acara ieu dibuka sacara resmi ku Ade Hasan, S.Pd, Kasi PMD Kecamatan Maniis, anu ngawawakilan Camat Maniis, Iman Sukmana, A.P., S.Sos., M.Si.
Ade Hasan ngajelaskeun yén kagiatan ieu meunang dispensasi khusus ti Bupati Purwakarta, utamina alatan kondisi sebaran guru anu masih teu saimbang. “Kegiatan ieu sifatna husus, minangka bentuk apresiasi pikeun guru. Pihak kecamatan ogé peryogi prosés perizinan anu ketat, tapi alhamdulillah tiasa dilaksanakeun kalayan lancar,” pokna.
Doorprize Rame, Jadi Incaran Pamilon
Pikeun nambahkeun sumanget, panitia nyayagikeun rupa-rupa doorprize, di antarana:
√ 1 unit sapédah
√ Televisi
√ Dispenser
√ Kipas angin
√ Setrika
√ Payung
√ Rice cooker
√ Jeung hadiah hiburan séjénna
Sesi undian doorprize jadi salah sahiji momen anu pang rame sabab seueur pamilon anu antusias ngantosan hadiah utama.
Pernyataan & Koméntar Para Tokoh :
PLT Kepala SMPN 1 Maniis, Sa'ir Apipudin, S.Pd
“Kegiatan Jalan Sehat sanés ukur seremonial wungkul. Ieu minangka kasempetan pikeun nguatkeun silaturahmi, ningkatkeun kabugaran, sarta nandeskeun deui yén guru téh kedah janten tuladan di lingkungan masarakat.”
Ketua PGRI Cabang Maniis, Iman Herdiansyah, M.Pd.I
“HUT PGRI ka-80 jadi mangsa pikeun para guru pikeun terus ningkatkeun profesionalisme. Kagiatan ieu nguatkeun rasa kebersamaan antaranggota PGRI supaya pendidikan di Maniis bisa leuwih maju.”
Lian ti éta, luyu sareng téma "Guru Bermutu, Indonésia Maju", ieu minangka neruskeun rinneka milangkala Hari Guru Nasional & HUT PGRI ka-80.
Ketua K3S Maniis, Mulyanto, S.Pd
“Guru anu séhat, bahagia, jeung kompak bakal masihan pangaruh positif ka guru-guruna. Ku sabab éta, kagiatan sapertos kieu kedah diteruskeun.”
Perwakilan Pamilon ti SDN 1 Citamiang, Kamiki Sogier, S.Pd
“Seru pisan, rame, sarta janten ajang silaturahmi pikeun masarakat jeung guru. Mugia taun payun langkung meriah deui,” saur salah sahiji pamilon kalayan bungah.
Ngahiji Dina Kabersamaan
Jalan Sehat ieu janten salah sahiji acara penting dina raraga miarkeun Hari Guru Nasional jeung HUT PGRI ka-80 di Kecamatan Maniis. Salian ti pikeun ningkatkeun kasehatan, kagiatan ieu ogé nguatkeun rasa kabersamaan jeung sumanget para guru pikeun terus berkarya jeung ngadidik kalayan langkung hadé.
Acara dihadiran Ade Hasan, S.Pd Kasi PMD nunsakaligus muka acara perwakilan Kecamatan Maniis, Camat Maniis Iman Sukmana, A.P, S.Sos, M.Si, Korwil 9 Maniis - Tegalwaru Yusup Hidayat, M.Pd.I, Didin Samsudin, S.Pd***

0 Response to "Semarak Hari Guru Nasional & HUT PGRI ka-80, PGRI Cabang Maniis Gelar Jalan Sehat Meriah"
Posting Komentar