SDN Cibatu Purwakarta Nampa Bantuan TV Digital Board Merah Putih ti Présidén Prabowo
SDN Cibatu Purwakarta Nampa Bantuan TV Digital Board Merah Putih ti Présidén Prabowo
Rebu, 03 Désémber 2025 ~ Ku Anto Sukanto
Cibatu/Purwakarta – WSO. Dunia atikan terus meunang perhatian serius ti pamaréntah pusat. Ieu kabuktosan ku datangna bantuan TV Digital Board Merah Putih ka sababaraha sakola, kaasup ka SDN Cibatu Kabupatén Purwakarta. Bantuan anu asalna langsung ti Présidén Républik Indonésia, Prabowo Subianto, ieu dipiharep tiasa ngadukung pelaksanaan pembelajaran anu leuwih modéren, interaktif, sarta luyu jeung kabutuhan jaman digital kiwari.
Perangkat TV Digital Board éta ayeuna tos dipasang di Ruang Perpustakaan SDN Cibatu. Datangna média pembelajaran anyar ieu disambut ku kabagjaan para guru ogé murid. Malah, Kepala SDN Cibatu, Ahmad Kusmana Budiman, S.Pd., langsung nguji coba maké éta alat pikeun nembongkeun materi diajar berbasis digital.
Dina ieu kasempetan, anjeunna ngedalkeun rasa syukur ogé apresiasi anu jero ka pamaréntah, utamana ka Présidén Prabowo, anu geus méré perhatian ka dunya atikan.
“Kami teu henti-henti muji sukur jeung nya'ah pisan kana bantuan TV Digital Board Merah Putih ieu. Hadirna alat ieu sanés ukur nambahan sarana pembelajaran, tapi ogé muka kasempetan pikeun guru jeung murid supaya leuwih gancang adaptasi kana téknologi atikan kiwari. Simkuring yakin, lamun dimanfaatkeun kalawan optimal, alat ieu bisa ngadorong prosés diajar anu leuwih inovatif jeung nyenangkeun,” saur Ahmad Kusmana Budiman.
TV Digital Board Merah Putih dirarancang minangka média pembelajaran canggih anu bisa nembongkeun presentasi, vidéo, nepi ka rupa-rupa sumber diajar digital. Fungsina sarua jeung papan tulis interaktif modéren anu ngamungkinkeun guru jeung murid leuwih bébas berinteraksi jeung materi.
Kehadiran alat ieu sagemblengna saluyu jeung rojongan téknologi anyar, SDN Cibatu komitmen pikeun terus nguatkeun kualitas literasi, numerasi, jeung katerampilan abad 21 pikeun sakumna peserta didik.
Pihak sakola ogé ngarencanakeun ngamangpaatkeun TV Digital Board ieu pikeun kagiatan literasi, presentasi karya murid, nepi ka penunjang projek pembelajaran berbasis deep learning.
Kalayan rupa-rupa inovasi ieu, SDN Cibatu optimistis tiasa ngalahirkeun generasi anu henteu ngan saukur unggul sacara akademik, tapi ogé adaptif kana kamajuan téknologi sarta siap nyanghareupan tantangan global.
Dipiharep saur Ahmad Kusmana Budiman, yén ayeuna tahap awal, sakola meunang 1 unit TV Smart interaktif anu bakal dijadikeun percontohan. Dua urang guru geus dibintek ngeunaan cara pamanfaatan alat ieu, supaya bisa diterapkeun bertahap ka sakumna kelas. “Targetna engké mah bisa ngahontal tiap kelas barudak dialajar maké TV Smart.
Salah sahiji kaunggulan alat ieu nyaéta ayana aplikasi pembelajaran matematika anu komplit, timimiti kelas 1 nepi ka kelas 12. Ieu diharepkeun bisa ningkatkeun minat jeung kapahaman siswa kana konsep-konsep dasar matematika.
Di SDN Cibatu sorangan ayeuna aya 232 siswa, di antarana kelas 1 jumlahna 32 urang. Sanajan kitu, pihak sakola ogé mikirkeun soal kaamanan alat supaya awét sarta henteu gampang ruksak. Ku kituna, aturan pamanfaatan keur barudak bakal dirancang sacara ati-ati, bari ngatur jadwal pamakéan supaya efektif.
Program pamanfaatan ieu diproyeksikeun bakal maksimal mangpaatna dina taun 2027, nalika sarana jeung kesiapan guru geus leuwih nyukupan. “Ayeuna mah ngamimitian ti hiji unit heula. Mudah-mudahan ka hareupna bisa nambah, supaya sakumna kelas bisa maké alat digital modéren ieu,” tambah Ahmad
Guru Fitri, guru kelas 1, nyebutkeun yén alat ieu kacida ngabantuna pikeun ngajelaskeun materi. “Barudak leuwih antusias, gambar jeung gerakanna jelas. Ali jeung Dila ogé ngaku resepeun pisan diajar ku layar gedé nu bisa disentuh,” saur anjeunna.
Sora Tina Guru
Guru Fitri – Guru Kelas 1, ngabagikeun pangalaman anyar sanggeus maké TV Smart Interaktif dina kelasna:
“Barudak langsung merhatikeun. Visualna ngajadikeun murangkalih leuwih gampil ngartos pola matematika dasar. Ali jeung Dila ogé sok masihan komentar lucu mun keur nge-touch layar.”
Sora Murid Kelas 1: Ali & Dila
Dua murid anu pangsumangetna nyobian alat anyar.
- Ali: resep kana gambar-gambar animasi dina materi perbandingan.
- Dila: paling resep latihan kuis interaktif bari maké stylus.***

0 Response to "SDN Cibatu Purwakarta Nampa Bantuan TV Digital Board Merah Putih ti Présidén Prabowo"
Posting Komentar