WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2

Kwartir Cabang Gerakan Pramuka Purwakarta Luncurkan Pendataan Potensi dan Pengadaan KTA Pramuka Tahap 2 PURWAKARTA –  Warta Sunda Online, - ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Mande Buhun Rebut Juara Umum Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025

Mande Buhun  : Rebut Juara Umum Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025

Purwakarta – WSO, Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025 resmi ditutup dina Minggu (30/11/2025) di Bale Maya Datar Pemda Purwakarta. Kagiatan anu ngusung téma “Seni Bela Diri Pencak Silat Tradisi Indonesia salaku Warisan Budaya Teu Benda Dunya” ieu diiluan ku kira-kira 150 peserta ti sababaraha paguron PPSI.

Acara ditutup ku Sekda Purwakarta, Nina Herlina, S.Sos, sarta dihadiran ku Ketua DPD PPSI Kab. Purwakarta Yoyo Yahya, SH, unsur Polres jeung Kodim 0619/Purwakarta, para guru perguruan, dewan juri, sesepuh PPSI jeung tamu undangan.

Runtuyan acara ngawengku Open Serimoni, sambutan-sambutan, pangumuman juara, sarta penyerahan piala, kaasup Piala Bergilir Bupati Purwakarta.

Hasil Kejuaraan

Juara Umum I : Mande Buhun

(9 emas, 6 pérak, 1 perunggu)

Juara Umum II : Sinar Pusaka Pura

(6 emas, 2 pérak, 2 perunggu)

Juara Umum III : Mekar Bedaya

(2 emas, 2 perunggu)


"Piala Bergilir Bupati Purwakarta taun 2025 resmi dipasrahkeun ka Paguron Mande Buhun." Kitu ditétélakeun Ketua Panatacalagara, Kapten Kav. Unang Sunarya ka Warta Sunda Onliné, Abad peuting, (30/11/2025).***


Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "Mande Buhun Rebut Juara Umum Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025"

Anonim mengatakan...

Selamat buat para juara, tingkatkan prestasi hingga even nasional maupun internasional, yang belum juara tetap semangat kekalahan adakah kemenangan yang tertunda... 🔥💪

Posting Komentar