WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén

Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén Ket. Kepala BMKG, Prof. Ir. Teuku Faisal Fatha...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 1 Cilingga intens Toilet Duduk pikeun Ngadukung Murid Disabilitas


Ket Poto : Pemasangan Toilet Duduk keur Anak Disabilitas, ogé keur anak nu lainna.

SDN 1 Cilingga intens Toilet Duduk pikeun Ngadukung Murid Disabilitas


PURWAKARTA – WSO, Dina raraga ningkatkeun kualitas layanan jeung fasilitas pendidikan, SDN 1 Cilingga keur nyiapkeun pangwangunan toilet duduk anu husus diperuntukkeun pikeun murid anu miboga kabutuhan husus atawa disabilitas. Léngkah ieu minangka komitmen sakola pikeun nyiptakeun lingkungan diajar anu inklusif, aman, jeung merenah pikeun sakabéh peserta didik.

Pihak sakola parantos ngayakeun koordinasi jeung pangawas kabupatén pikeun mastikeun yén pengembangan fasilitas WC ieu saluyu jeung Rencana Anggaran Biaya (RAB). Koordinasi ieu penting sangkan prosés pangwangunan lumangsung luyu jeung aturan sarta standar fasilitas pendidikan anu ditetepkeun.

Kepala SDN 1 Cilingga, Yahya Mimbar Hoerudin, M.Pd.I., ka Warta Sunda Onliné, nyarioskeun yén panyediaan toilet duduk téh minangka salah sahiji wangun pelayanan ka masyarakat Désa Cilingga, utamana ka kolot anu boga barudak berkebutuhan husus anu diajar di sakola éta.



Kami hoyong mastikeun yén sakabéh murid, tanpa iwal, meunangkeun fasilitas anu pantes. Utamana pikeun murid disabilitas anu peryogi sarana anu leuwih ramah jeung gampang diaksés,” ceuk anjeunna.

Salajengna, pihak sakola ogé ngucapkeun nuhun ka warga, para pemerhati pendidikan, sarta pihak-pihak anu tos maparin kritik, masukan, jeung sumbang saran pikeun kamajuan sakola.

Sagala kritik jeung masukan pisan mangpaat pikeun kami. Éta janten pendorong supaya SDN 1 Cilingga terus maju janten sakola anu séhat, bermutu, sarta tiasa masihan pelayanan anu pangsaéna pikeun warga sakola,” pokna.

Ku ayana pengembangan fasilitas ieu, SDN 1 Cilingga miharep bisa nguatkeun peranna minangka lembaga pendidikan anu inklusif tur tanggap kana kabutuhan murid jeung masyarakat sabudeureunana.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Cilingga intens Toilet Duduk pikeun Ngadukung Murid Disabilitas"

Posting Komentar