Ratusan Guru, Siswa, jeung Kolot Ramaikan Jalan Sehat dina Peringatan Hari Anak Sedunia jeung Hari Guru Nasional 2025
Ratusan Guru, Siswa, jeung Kolot Ramaikan Jalan Sehat dina Peringatan Hari Anak Sedunia jeung Hari Guru Nasional 2025
PURWAKARTA – WSO, Dina raraga miéling Hari Anak Sedunia ogé Hari Guru Nasional 2025, ratusan murid, guru, tenaga kependidikan, sarta kolot siswa ti rupa-rupa lembaga pendidikan di Kabupaten Purwakarta ngiringan kagiatan Jalan Sehat anu dilaksanakeun sacara serentak, Minggu (23/11/2025) siang.
Kagiatan ieu mangrupakeun program Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta anu dipigawé di unggal sakola, salah sahijina di SDN 1 Tegaldatar, Kecamatan Maniis, kalayan halaman sakola jadi titik start jeung finish.
Kepala SDN 1 Tegaldatar, Mulyanto, S.Pd, ngajelaskeun ka Warta Sunda Onliné yén acara jalan sehat ieu lumangsung meriah tur pinuh ku sumanget.
“Suasana pinuh ku sumanget, keceriaan, jeung keakraban antara peserta didik jeung para pendidik,” saur anjeunna.
Dirina ngaharepkeun kagiatan ieu tiasa masihan mangpaat pikeun sakumna peserta.
“Mudah-mudahan peserta tetep séhat sarta nguatkeun deui tali akrab antara guru, kolot, jeung siswa,” tambahna.
Di SDN 1 Tegaldatar, ieu kagiatan diiluan ku 26 guru, 150 siswa, jeung 3 urang perwakilan kolot siswa nu hadir pikeun memeriahkan acara.
Dumasar kana pantaun di lapangan, katingali sababaraha siswa antusias nuturkeun jalan sehat, di antarana Hamjah jeung Melani anu jadi perwakilan siswa.
Kagiatan jalan sehat ieu henteu ngan saukur jadi momen peringatan, tapi ogé janten sarana pikeun nguatkeun kebersamaan sarta ngadorong pola hirup séhat di lingkungan sakola.***


0 Response to "Ratusan Guru, Siswa, jeung Kolot Ramaikan Jalan Sehat dina Peringatan Hari Anak Sedunia jeung Hari Guru Nasional 2025"
Posting Komentar