PASANGGIRI PENCAK SILAT BUPATI CUP 2025, Atu Samsuri (56) Tampil Matang di Kategori Manula, Patandang No. 12 di Arena Maya Datar
PASANGGIRI PENCAK SILAT BUPATI CUP 2025, Atu Samsuri (56) Tampil Matang di Kategori Manula, Patandang No. 12 di Arena Maya Datar
Ketua Panatacalagara (panitia), Kapten Kav Unang Sunarya (Danramil 1903/Darangdan), dina laporanana ngébréhkeun: "Kagiatan Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025 ieu dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngamumulé jeung ngariksa seni budaya Pencak Silat minangka warisan karuhun. Ku ayana pasanggiri ieu, dipiharep ka generasi ngora leuwih sumanget pikeun ngajaga, ngamekarkeun, sarta miboga rasa kanyaah kana seni budaya Pencak Silat."
Lian ti éta ogé, yén PPSI terus boga peran penting dina widang pendidikan, ngawengku pembinaan ti mimiti budak leutik nepi ka déwasa. Latihan jeung kagiatan tanding disiapkeun pikeun nampung bakat jeung hobi para nonoman sangkan boga kagiatan anu positif sarta jauh tina pagawéan anu négatif.
“Simkuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun kana sagala rojongan ti Pemda, TNI/Polri, sarta sakabéh pihak nu parantos ngabantu nepikeun ieu kagiatan lumangsung. Mugi pasanggiri tiasa lumangsung kalayan aman, tertib, sareng lancar.” pokna Kapten Kav. Unang ka Warta Sunda Onliné.
Sedengkeun Ketua DPD PPSI Purwakarta Bapa Yoyo Yahya nambihan yén: “Taun ieu salian ti ngarebutkeun Piala Bergilir Bupati, aya ogé Juara Umum 1 ti Dandim, Juara Umum 2 ti Kapolres, jeung Juara Umum 3 ti Ketua DPRD. Pasanggiri ieu janten wadah pikeun nunjukkeun prestasi para atlit.”
Samentara éta Ketua DPW PPSI Jawa Barat ngingetkeun deui ngeunaan nilai-nilai luhur dina pencak silat: “PPSI diadegkeun ku Kolonel R.A. Kosasih babarengan para pendekar Sunda minangka wadah panyawarkeun paguron. Urang kudu ngajaga filosofi pencak silat bari terus ningkatkeun kamandirian dina pembinaan atlit.”
Kadisporaparbud Purwakarta, Suhandi inyana nétélakeun yén pasanggiri lain saukur kompetisi, tapi mangrupa bukti nyata dina usaha pelestarian budaya. Pembukaan ditandaan ku pemukulan gong, sarta sakabéh rangkaian kagiatan lumangsung aman dugi ka pukul 15.50 WIB.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné yén ajang Pasanggiri Pencak Silat Bupati Cup 2025 Antar Perguruan PPSI se-Kabupaten Purwakarta nu digelar di Maya Datar janten saksi tampilna salah sahiji pesilat manula, Atu Samsuri (56), nu turun minangka patandang nomor urut 12.
Sanajan geus asup kategori Manula, Atu Samsuri nunjukkeun performa anu tetep sigap, terukur, sarta dipinuhan ku unsur kaédahan jurus tradisi. Anjeunna meunang aplaus ti para pamiarsa lantaran masih tiasa nuduhkeun pakem-pakem pencak silat Sunda kalayan stabil tur percaya diri.***



0 Response to "PASANGGIRI PENCAK SILAT BUPATI CUP 2025, Atu Samsuri (56) Tampil Matang di Kategori Manula, Patandang No. 12 di Arena Maya Datar"
Posting Komentar