Léngkah Guru Ngarayap ka "Cahaya Jakarta"
Léngkah Guru Ngarayap ka "Cahaya Jakarta"
✍️ Ku: asepgunawankuningan@gmail.com | WA 085864675753
Kuningan/Jakarta — Rombongan guru ti Kabupatén Kuningan ngalakukeun léngkah gedé pikeun ngiringan puncak peringatan HUT ka-80 PGRI jeung Hari Guru Nasional 2025, anu dilaksanakeun dina Sabtu, 29 Nopémber 2025 di Britama Arena, Jakarta. Sakabéhna aya 34 beus nu mawa kurang leuwih 1.774 urang peserta, nunjukkeun sumanget luar biasa ti para pendidik pikeun hadir dina ieu momen sajarah.
Sanggeus nepi ka Jakarta peuting, para peserta langsung istirahat saméméh neruskeun kagiatan énjingna. Panulis, sarua kawas ratusan guru lianna, mimiti arah ka Masjid Al Musyawarah gigireun Mall Kelapa Gading. Sanggeus beberesih jeung maké batik Kusuma Bangsa dipadu peci hideung, panulis patepung jeung sobat lami, Pak Wawan, Kepala Sakola Cigandamekar. Obrolan nostalgia jeung canda tawa ngeusian wengi kalayan haneut, saméméh masing-masing neruskeun jadwal sorangan.
Masjid sederhana tapi lega éta jadi tempat kumpulna para guru ti rupa-rupa kecamatan. Dina éta suasana karasa pisan yén lalampahan panjang ieu lain ukur pindah tempat, tapi ogé lalampahan batin: léngkah-léngkah spiritual pikeun pengabdian anu leuwih jembar.
Karinduan Anu Nyatu di Britama Arena
Tujuan rébuan guru nu datang ka Jakarta lain saukur pikeun merayakeun profesi mulya, tapi ogé ngagandong hiji harepan gedé nu kasampak di sababaraha titik kumpul. Aya hiji poster nu matak narik perhatian:
RINDU PRESIDEN.
Karinduan teu kaungkab ti sakumna guru ka Bapak Presiden Prabowo dina HUT ka-80 PGRI jeung HGN 2025. Kami nungguan pisan kasempetan kanggo disapa langsung sarta ngahaturkeun nuhun kana perjuangan Bapak dina ngajaga jeung menyejahterakan guru.
Poster ti PGRI Cabang Kramatmulya éta jadi gambaran jujur yén lalampahan para guru ka Jakarta téh ibarat ziarah rasa, hiji kahayang tulus pikeun patepang jeung pamimpin nu dianggap masihan perhatian serius kana nasib pendidik.
Saméméhna, panulis ogé patepung jeung sababaraha tokoh daérah, di antarana Pak Haji Suyana (Korwil Kecamatan Ciniru), Ustaadz Rusyid, Ustaadz Nunu, jeung Ustaadz Asep Jalal ti Gandol, Luragung — sadayana sarua sumangetna nyangking hajat ka puncak kagiatan.
Singgah ka Warkop jeung Pasamoan Nu Ngeterkeun Hati
Saméméh neruskeun kagiatan ka Mahaka Santika Hotel Kelapa Nias, panulis sempet ngalongok dua warkop milikna di wewengkon HII Kelapa Gading. Di salah sahiji warkop, panulis ngobrol jeung saurang abang ojol asal Medan, anu ti subuh geus narik ngurilingan Kelapa Gading.
Caritana basajan tapi nyentuh: anjeunna merantau pikeun masa depan kulawargana, sedengkeun pamajikanana saurang muallaf. Obrolan leutik tapi hangat éta karasa siga reureuh nu dipasihkeun ku Allah SWT di tengah padetna agenda PGRI. Ongkos perjalanan nu sakitar Rp20.000 nambahan warna kana kesederhanaan éta momen.
Tapi aya hiji plot twist nu ngagetkeun pas panulis rék turun tina motor. Si abang ojol ngahuleng sakeudeung tuluy ngomong:
“Kang… awak saya pengin kuliah deui. Lamun bisa, saya hayang jadi guru.”
Ucapan éta ngajadikeun panulis eureun sakedapan. Di balik jaket héjo jeung helmna, aya cita-cita pikeun nyekel peran mencerdaskan bangsa — cita-cita nu sarua jeung rébuan guru nu dieusi Jakarta poe éta.
Guru Teu Sok Aya di Kelas Wae
Ti pasamoan singket éta, panulis nyimpulkeun yén lalampahan ka Jakarta lain ngan ukur soal hadir dina acara gedé atanapi miharep patepang jeung Presiden. Leuwih ti éta, lalampahan ieu geus hurungkeun deui harepan, komo dina jalma-jalma anu teu pernah disangka.
Saméméh pisah, panulis maparin hiji kalimah ka éta pengendara:
“Bang, atikan téh moal bisa dibebankeun ka guru hungkul. Kabéh mitra kudu aub, nurutkeun harepan PM dina IKM kiwari. Masa guru geus serius jihad ngadidik generasi, tapi masih aya pihak anu malah ngadown-grade moralitas jeung akhlak barudak bangsa.”
Kalimah éta jadi pangeling-eling, yén guru sajati bisa hadir dina rupa-rupa wujud: dina inspirasi, dina paguneman singkat, atawa dina secerah harepan nu sacara teu dihaja urang hurungkeun dina haté batur.***

0 Response to "Léngkah Guru Ngarayap ka "Cahaya Jakarta""
Posting Komentar