WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén

Cuaca Ékstrem Dua Taun Ngabalukarkeun Krisis Tatanén, Petani di Garut Gagal Panén Ket. Kepala BMKG, Prof. Ir. Teuku Faisal Fatha...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kodim 0619/Purwakarta dan Disdukcapil Gelar Baksos Pembuatan Akta Kelahiran



Kodim 0619/Purwakarta dan Disdukcapil Gelar Baksos Pembuatan Akta Kelahiran


Purwakarta — WSO, Dina raraga ngareuah-reuah Hari Juang Kartika Taun Anggaran 2025, Kodim 0619/Purwakarta gawé bareng sareng Dinas Kependudukan sareng Catetan Sipil (Disdukcapil) Kabupaten Purwakarta ngayakeun kagiatan bakti sosial pembuatan Akta Kelahiran, Kemis (27/11), di Kantor Disdukcapil Kabupaten Purwakarta.

Kagiatan nu dimimitian jam 08.00 WIB ieu dihadiran ku Dandim 0619/Purwakarta Letkol Inf Ardha Cairova Pari Putra, S.I.P., M.P.M., Kadisdukcapil Purwakarta Muhamad Husni, S.H., M.H., Pasiter Kodim Kapten Inf Rasam, ogé para Babinsa ti sakabéh jajaran Kodim 0619/Purwakarta.

Dandim Letkol Inf Ardha Cairova Pari Putra netelakeun yén ieu kagiatan mangrupakeun bagian tina rangkaian pangabdian TNI ka masarakat.

“Kodim 0619/Purwakarta terus usaha ngahadirkeun layanan anu saéstuna karasa mangpaatna. Mantuan masarakat meunangkeun hak administrasi dasar téh kaasup tugas utama kami,” pokna.

Sedengkeun Kadisdukcapil Purwakarta, Muhamad Husni, nengetan yén sinergi sareng Kodim ngabantu ngagancangkeun prosés pelayanan.

“Kerja bareng ieu kacida ngabantosanana, utamana pikeun warga anu salila ieu kakendala dina ngurus administrasi kapendudukan,” ceuk anjeunna.

Palayanan anu disayagikeun ngawengku pamariksaan sarat, input data, verifikasi jeung validasi nepi ka percetakan dokumén. Warga ogé meunang pendampingan ti masing-masing Babinsa pikeun mastikeun prosés lumangsung lancar jeung tertib.

Total 71 warga ti genep Koramil nampi pelayanan dina kagiatan ieu. Palayanan lumangsung dugi ka jam 12.00 WIB sarta kabuktian aman, tertib, jeung kondusif. Dokumén anu geus réngsé dicitak baris disalurkeun deui ngaliwatan Kodim jeung Babinsa di wilayah masing-masing.

Pelayanan éta ngawengku Tina 71 warga nu meunang pelayanan pembuatan Akta Kelahiran, nyaéta:

√  Koramil 1901/Wanayasa: 14 orang

√ Koramil 1903/Darangdan: 20 orang

√ Koramil 1904/Cempaka: 8 orang

√ Koramil 1905/Jatiluhur: 17 orang

√ Koramil 1906/Sukatani: 6 orang

√ Koramil 1908/Purwakarta: 6 orang




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kodim 0619/Purwakarta dan Disdukcapil Gelar Baksos Pembuatan Akta Kelahiran"

Posting Komentar