WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hj. Sri Rahayu Agustina Hadir dina Puncak HUT Golkar di Kantor DPD Golkar Purwakarta

  Hj. Sri Rahayu Agustina Hadir dina Puncak HUT Golkar di Kantor DPD Golkar Purwakarta Purwakarta – WSO Puncak peringatan Hari Ulang Tahun...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kadisdik Jabar: Kapala Sakola Kudu Jadi Panggerak Parobahan!

Kadisdik Jabar: Kapala Sakola Kudu Jadi Panggerak Parobahan! 


BANDUNG – WSO. Kapala Dinas Pendidikan Jawa Barat nengetan yén kapala sakola téh ulah saukur ngatur sakola, tapi kudu bisa jadi panggerak parobahan di lingkungan sakolana sorangan. Dina kagiatan Pembinaan Kapala SMA, SMK, jeung SLB Cabang Dinas Wilayah VII anu dilaksanakeun di SMAN 8 Bandung, Salasa (4/11/2025), Kadisdik nétélakeun yén pamingpin sakola kudu bisa ngainspirasi sarta ngarahkeun parobahan nyata.

“Pamingpin sakola lain ngan ukur ngatur, tapi kudu ngarahkeun jeung mere parobahan,” pokna.

Kadisdik nandeskeun, parobahan gedé téh dimimitian ti hal leutik sapopoé, saperti kabersihan, sikep, kapedulian, jeung kadisiplinan. Hal éta kudu dijadikeun program nyata di sakola. 

“Robah élmu pangaweruh, sikep, jeung katerampilan siswa. Eta kudu diprogram di sakola,” ceuk Kadisdik deui. 

Salian ti éta, Kadisdik ngajak sangkan kapala sakola bisa jadi contoh pikeun guru, ngadorong sangkan terus diajar, sarta nyubarkeun rasa boga kana sakolana. Kagiatan ieu diiluan ku kapala sakola di wewengkon Bandung Raya, kalayan tujuan pikeun nguatkeun karakter kapamingpinan jeung inovasi pendidikan di Jawa Barat.***

📸 Fotografer: @fauzan.kesuma 

 🖋️ Reporter: @alfadiln 
#KangDediMulyadi 
#Pancawaluya 
#GapuraPancawaluya 
 #JabarIstimewa 
#PendidikanJabar 
#DisdikJabar 
 #TerdidikTerbaik 
#ASNBerpuasa 
#RakyatBerpesta

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kadisdik Jabar: Kapala Sakola Kudu Jadi Panggerak Parobahan! "

Posting Komentar