WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat

  53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat PURWAKARTA –   WSO , Danrem 063/Sunan...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Anugrah Duta Basa Indung Purwakarta 2025 – Jenjang SMP

Anugrah Duta Basa Indung Purwakarta 2025 – Jenjang SMP


Purwakarta — WSO, Kagiatan Duta Basa Indung Purwakarta 2025 pikeun jenjang SMP mangrupikeun pasanggiri anu nyangking misi pikeun ngukur jeung ningkatkeun kamahéran siswa dina Mata Pangajaran Mulok Basa Sunda sakumaha aturan dina Peraturan Bupati Purwakarta Nomor 75 Taun 2023.



Runtuyan kagiatan dilaksanakeun dina dua gelombang:

1. Materi Daring: Rebo, 26 November 2025

2. Kuring di SKB: 28–29 November 2025


Pasanggiri ieu janten wadah pikeun nalungtik sabaraha jero pamahaman siswa kana materi pangajaran Basa Sunda, boh dina widang tatabasa, sastra, budaya, nepi ka kapamimpinan jeung kasantunan komunikasi dina basa indung.

Tina hasil seleksi jeung pamarekan para peserta, pasanggiri Duta Basa Indung Purwakarta ngalahirkeun para pinunjul anu bakal jadi duta basa di lingkungan pendidikan SMP sarta janten conto dina ngamumulé, ngamajukeun, jeung ngabudayakeun Basa Sunda di Kabupaten Purwakarta. Kitu ditétélakeun ku Ahmad Sopian Effendi,M.Pd salaku Pupuhu MGMP Basa Sunda SMP/ MTs Kab. Purwakarta ka Warta Sunda Onliné sawatara waktu katukang di SMPN Kabupatén Purwakarta.**"


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Anugrah Duta Basa Indung Purwakarta 2025 – Jenjang SMP"

Posting Komentar