Turnamén Volleyball Putra Saan Mustopa Cup 2 Digelar di Sukatani
Turnamén Volleyball Putra Saan Mustopa Cup 2 Digelar di Sukatani
PURWAKARTA – WSO,-
Kagiatan olahraga bola voli di wilayah Sukatani bakal rame deui. Dina akhir minggu ieu bakal digelar Open Turnamén Volleyball Putra Saan Mustopa Cup 2, nu dijadwalkeun lumangsung dina Sabtu jeung Minggu, tanggal 1–2 Nopémber 2025.
Pertandingan bakal dilaksanakeun di Lapang Gema Anker, Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta. Ajang ieu nyadiakeun total hadiah nepi ka Rp20 juta, sarta bakal diiluan ku sababaraha klub bola voli putra ti Purwakarta jeung sabudeureunana.
Ketua sekaligus pananggung jawab turnamén nyaéta Ibu Iip Handayani, nu nyebutkeun yén acara ieu jadi wadah pikeun ngaronjatkeun silaturahmi jeung nyalurkeun bakat para nonoman di widang olahraga voli.
“Ku ayana turnamén ieu, urang ngaharepkeun lahir atlit-atlit anyar nu bisa ngaharumkeun ngaran daerah, bari ngajaga semangat sportifitas jeung kabersamaan,” saur anjeunna.
Warga ogé diajak pikeun ngadukung tim favoritna sarta miluan ngayakeun suasana meriah di Lapang Gema Anker.***
0 Response to "Turnamén Volleyball Putra Saan Mustopa Cup 2 Digelar di Sukatani"
Posting Komentar