WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Rédaksi Grup Warta Sunda Narima Buku Ékslusif Karya Sang Kreator Hidden Valley Hills Indonesia

Rédaksi Grup Warta Sunda
Narima Buku Ékslusif Karya Sang Kreator
Hidden Valley Hills Indonesia


Laporan : Anto Sukanto

Assalamu’alaikum, Sampurasun Baraya Warta Sunda!


Dinten Senen, 6 Oktober 2025, kira-kira tabuh 15.00 wanci panonpoé satangtung, Grup Warta Sunda ngalakukeun lalampahan ka salah sahiji destinasi wisata nu kasohor di Purwakarta, nya éta Hidden Valley Hills Indonesia, anu perenahna di Désa Cibodas, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta.

Lalampahan ieu jadi bagian tina kagiatan silaturahmi, ngabina kabersamaan, sarta ngajajah kaéndahan alam Purwakarta anu sohor ku suasana asri jeung pintonan bentang gunung nu matak nyejukkeun.

Sanggeus anjog ka lokasi Hidden Valley Hills Indonésia anu perenahna di Désa Cibodas, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, sim kuring sasarengan jeung kameramen ditampi kalayan ramah ku Bapa David, putra ti Ir. Hendry Chandrawinata, panggagas jeung pamingpin tempat wisata éta.

Teu lila sanggeus éta, Bapa David ngébréhkeun yén Bapa Hendry Chandrawinata nuju aya di lapangan keur nyaksian prosés pangwangunan panggung hiburan di “7 Pilar Legenda Purba”, salah sahiji ikon anyar nu keur digarap di Hidden Valley Hills.

Nalika sim kuring sumping, langsung kapayunna sareng Bapa Hendry Chandrawinata nu keur diuk dina balkon, maké raksukan beureum ati, sarua warnana jeung sim kuring. Ku kasatiaan warna nu sarua, karasa pisan aya rasa “jodo tepung lawung” antara tamu jeung nu boga tempat.

Sanaos ti awalna rédaksi teu boga jadwal resmi pikeun nyangking wawancara, tapi ku kreteg haté, ahirna kasempetan alus ieu bisa ngadatangkeun informasi anyar ngeunaan kamekaran wisata Hidden Valley Hills.

Dina obrolan santai nu ngalér-ngidul, teu lila Bapa Hendry maréntahkeun ka salah saurang pagawéna pikeun mawa hiji buku ti rohangan kerjana. Sababaraha menit ti harita, éta buku geus diteundeun ka leungeun anjeunna.

Buku éta tuluy dipasrahkeun ka Anto Sukanto – Rédaksi Grup Warta Sunda, minangka pangajén tur kadeudeuh Bapa Hendry Chandrawinata pikeun perjuangan média lokal dina ngajomantara Budaya Sunda.

Buku nu boga judul “Amazing Sunset – Hidden Valley Hills Indonesia”, saméméhna tos ditandatanganan ku sang kreator, lengkep jeung tanggalna.

Tangtu baé, rasa bungah jeung reueus karasa ku tim Rédaksi Warta Sunda, lantaran dipasihan buku ékslusif anu eusina nyaritakeun kumaha Budaya Sunda hirup tur diinterpretasikeun ngaliwatan karya wisata nu nyunda ti gagasan Hendry Chandrawinata.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rédaksi Grup Warta Sunda Narima Buku Ékslusif Karya Sang Kreator Hidden Valley Hills Indonesia"

Posting Komentar