Program Unggulan Bupati Subang pikeun Ngawujudkeun Subang Sajajar jeung Daérah Majeng di Jawa Barat
WARTA TI SUBANG
Program Unggulan Bupati Subang pikeun Ngawujudkeun Subang Sajajar jeung Daerah Majeng di Jawa Barat
SUBANG - Grup Warta Sunda,-
Pamaréntah Kabupatén Subang ngalaksanakeun rupa-rupa program jeung inisiatif strategis dina widang ékonomi, sosial, lingkungan, sarta tata kelola pamaréntahan. Sagala program ieu jadi bukti nyata komitmen pamaréntah dina ngaronjatkeun karaharjaan masyarakat sarta nguatkeun ajén budaya Sunda di kahirupan sapopoe.
Program jeung Inisiatif Unggulan
1. Program Ngabret Nyaah Ka Indung
Program ieu miboga tujuan pikeun masihan pangajén, panyalindungan, sarta pamuasan kabutuhan dasar pikeun para warga lansia. Sajaba ti éta, program ieu ogé nguatkeun deui ajén-inajén budaya Sunda, hususna dina hal kanyaah jeung miara ka kolot.
2. Program Tilu Juta Imah Bersubsidi
Dina raraga ngarojong program pamaréntah pusat, Kabupatén Subang aktip nyayagikeun program imah bersubsidi pikeun masyarakat anu peryogi, kalayan harepan bisa nyumponan kabutuhan papan anu layak tur terjangkau.
3. Program Pananganan Rutilahu (Rumah Teu Layak Huni)
Ngaliwatan Bantuan Stimulan Perumahan Swadaya (BSPS), program ieu difokuskeun pikeun ngaronjatkeun kualitas imah warga anu teu layak huni, sangkan leuwih pantes dijadikeun tempat cicing anu sehat jeung aman.
4. Festival Seni jeung Budaya
Pamaréntah Kabupatén Subang ngadorong pamekaran ékonomi kréatif ngaliwatan kagiatan seni, budaya, jeung inovasi, minangka wadah ekspresi barudak ngora sarta pikeun ngamajukeun poténsi kréatif daerah.
5. Digitalisasi Palayanan Publik
Léngkah ieu ditujukeun pikeun ningkatkeun éfisiénsi, transparansi, jeung akuntabilitas dina sagala bentuk palayanan publik. Pamaréntah Subang terus ngalaksanakeun transformasi digital dina sistem administrasi jeung pelayanan ka masyarakat.
6. Inisiatif Lingkungan Hirup
Program ieu ngagerakkeun partisipasi aktif masyarakat dina usaha ngajaga lingkungan, kalebet kampanye kabersihan jeung pelestarian alam pikeun ngajaga Subang anu héjo jeung asri.
7. Pamekaran di Kawasan Rebana Metropolitan
Ku ayana sinergi jeung pamaréntah propinsi sarta kementerian, Kabupatén Subang terus ngupayakeun optimalisasi kawasan Rebana pikeun muka kasempetan investasi anyar sarta nyiptakeun lapangan pagawean anyar.
8. Subang Smart Digital
Program ieu fokus kana pamekaran jeung pamakéan téknologi digital pikeun ngarojong pelayanan publik, tata kelola pamaréntahan, sarta pangembangan data terpadu.
9. Program Saba Desa
Ieu program mangrupa inisiatif langsung ti Bupati Subang pikeun nganjang ka tiap-tiap désa, dina raraga ngadéngékeun aspirasi masyarakat sacara langsung sarta ngaronjatkeun kedeketan pamaréntah jeung warga.***
0 Response to "Program Unggulan Bupati Subang pikeun Ngawujudkeun Subang Sajajar jeung Daérah Majeng di Jawa Barat"
Posting Komentar