WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah PURWAKARTA – WSO,- Dina poé Rebo, 14 Okt...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pemilihan Ketua RW 02 Dusun 1 Lumangsung Demokratis


Warga Desa Cibodas
Milih Ketua RW 02 Dusun 1,
Lumangsung Kalayan Demokratis

DÉSACIBODAS – Grup Warta Sunda,-
Pemilihan Ketua RW. 02 di Dusun 1, Desa Cibodas, lumangsung sacara demokratis dina poé Kemis, 9 Oktober 2025, di Balé Désa Cibodas. Kagiatan ieu jadi ajang silih pilih pangurus lingkungan sanggeus Ketua RW saméméhna, Hamali, ngundurkeun diri alatan gering. Pa Hamali sorangan parantos 10 taun ngajabat minangka Ketua RW 02, ti jaman kapamingpinan Kepala Desa anu ayeuna kénéh ngajabat.

Dumasar katerangan ti Pa Ujang Sopandi, Ketua Dusun 1, yén di Dusun 1 aya 4 RW jeung 15 RT. Pikeun RW 02, jumlah pemilihna aya 44 urang, asalna ti unggal RT anu ngawengku 3 wawakil per RT, total 10+1 pikeun tiap RT.

Prosés pamilihan dimimitian ku pendaftaran calon salila dua minggu, anu ditutup tanggal 30 Séptémber 2025 nu kaliwat. Tina hasil pendaftaran, aya tilu calon anu ditetepkeun:

Calon 1️⃣ Wahidin
Calon 2️⃣ Ujen Setiawan
Calon 3️⃣ Ilah Nuralipah

Sakumaha aturan umum, teu aya watesan umur minimum atawa maksimum pikeun calon Ketua RT atanapi RW dina tingkat nasional. Tapi, dina sababaraha daérah, watesan umur biasana minimal 25 taun jeung maksimal 65 taun, anu diatur dina Peraturan Daerah (Perda) atawa Peraturan Kepala Daerah.

Hal ieu sasuai jeung fungsi Lembaga Kemasyarakatan Desa (LKD), dimana Ketua RT jeung RW jadi bagian tina struktur LKD di lingkungan désa. Tujuan aturan éta pikeun ngajaga kualitas pamingpin sarta ngajamin aya regenerasi dina tingkat masarakat.

Ku kituna, pamilihan Ketua RW 02 ieu diharepkeun tiasa ngahirupkeun deui semangat gotong royong jeung partisipasi warga pikeun ngawangun lingkungan anu leuwih kompak jeung maju.

Tina hasil pemilihan nurutkeun data :

1️⃣ Wahidin meunang 7 sora
2️⃣ Ujen Setiawan meunang 23 sora
3️⃣ Ilah Nuralipah meunang 13 sora
 Ari nu teu sahna mah 1 sora.
Jumlah hak pilih : 44 urang wawakil ti tiap RT. 

Kukituna, Alhamdulillah 100 persen hadir nepika ngahasilkeun Pi-Erkaeun nyatana Ujen Setiawan meunang 23 sora. 

Dina kasempetan éta ogé, Ujen Setiawan ka pilih jadi RW. 02 Dusun 1 Désa Cibodas Kecamatan Sukatani, Purwakarta. Program
ngosrek, keamanan lingkungan, pangaosan di masyarakat.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pemilihan Ketua RW 02 Dusun 1 Lumangsung Demokratis"

Posting Komentar