WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Gegerna Warga Désa Cadasmekar, Kacamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Kapanggih di Wahangan Kampung Bojong Loa, Désa Gandasoli Plered



Gegerna Warga Désa Cadasmekar, Kacamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Kapanggih di Wahangan Kampung Bojong Loa, Désa Gandasoli Plered

PURWAKARTA - WSO,-
Gegerna Warga Désa Cadasmekar, Kacamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Kapanggih di Wahangan Kampung Bojong Loa, Désa Gandasoli, éta tina hasil olah TKP, Saptu soré (18/10/2025). 

Samemehna aya laporan ti warga ka Polsek Plered langsung nu keur piket ngamankeun area TKP sangkan tong nepika numpukna warga," Kitu ceuk Kapolsek Plered AKP Ali Murtadho nalika di dikonfirmasi ku WSO, Ahad (19/10/2025 jam 20.37 Wib).

Ali ngajelaskeun yén pihakna langsung ngamanakeun lokasi TKP pikeun nyegah warga ngariung loba teuing. Polisi ogé berkoordinasi jeung Satreskrim Polres Purwakarta sarta ngahubungi tim Inafis pikeun ngalakukeun pamariksaan awal di tempat kajadian. Garis polisi langsung dipasang di sabudeureun lokasi.

“Kami ngalaporkeun ka piket reskrim Polres Purwakarta jeung diteruskeun ka tim Inafis pikeun prosés idéntifikasi sarta evakuasi korban ka RSUD Bayu Asih Purwakarta,” saur anjeunna.

“Numutkeun katerangan kulawarga, ahirna korban kapanggih idéntitasna, nyaéta Jesika binti Otim, yén korban teu balik ka imah ti saprak Kemis (16/10/2025). Diduga anjeunna dijemput ku batur sakolana saméméh ahirna kapendak geus teu nyawa,” pokna deui.

Saacan ayeuna, jenazah Jesika keur aya di RSUD Bayu Asih Purwakarta pikeun pamariksaan médis salajengna.

Ali nambahkeun, korban awéwé éta boga kulit sawo matang, awak kurus, maké baju warna biru navy jeung calana hideung.

“Pikeun luka-luka di awak korban, urang masih nungguan hasil tim forensik,” ceuk Kapolsek.

Polisi nepi ayeuna masih ngulik sabab maotna Jesika sarta nalungtik saha jalma anu pangahirna ngajemput korban saméméh ngaleungit. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Gegerna Warga Désa Cadasmekar, Kacamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Kapanggih di Wahangan Kampung Bojong Loa, Désa Gandasoli Plered"

Posting Komentar