Dua Murid SMPN Satap Terpadu Rawasari Nampa Hadiah Sapédah Ti Bupati Om Zein, Diserahkeun Ku Dinas Pendidikan
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,-
Dua urang budak sakola menengah pertama di Kabupatén Purwakarta katingali bungah pisan sanggeus narima hadiah sapédah ti Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Panglimpahan hadiah éta ti Bupati Purwakarta, Saepul Bahri Binzein anu di sebat Om Binjen dilaksanakeun Juma'ah Berkah di aula Linuhung kantor Dinas Pendidikan, Juma'ah (16/10/2025 08.29 Wib).
Pamasrahan Sapédah ku Perwakilan Disdik ngalewatan Kasi Sarana Prasarana SD, Ikhwan A Firdaus ST, M.M.Pd ka dua siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Pléréd Purwakarta.*
"Sapédah éta jadi bukti janji Bupati Om Zein, anu saméméhna sempet jangji bakal méré hadiah ka dua murid anu dianggap pantes pikeun meunangkeun éta pangajén. Hadiah ieu minangka bentuk apresiasi pamaréntah daérah ka murid anu miboga sumanget jeung prestasi alus dina diajar." Kitu ditetelakeun ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Sadiyah, M.Pd via selulerna ka Warta Sunda Onliné, pamasrahan sapédah ku Kasi Sarana Prasarana SD, Ikhwan A Firdaus ST, M.M.Pd.
“Kami ti Dinas Pendidikan ngan saukur ngalaksanakeun amanat ti Bupati Om Zein pikeun nyalurkeun hadiah sapédah ka dua murid di SMPN Satap Terpadu Rawasari. Ieu minangka pangajén pikeun murid anu rajin, disiplin, sarta mibanda prestasi,” saur salah sahiji wawakil Dinas Pendidikan.
Dua murid anu nampa sapédah téh katingali bungah pisan. Maranéhna ngedalkeun rasa nuhun ka Bupati Om Zein jeung Dinas Pendidikan anu parantos mere perhatian ka barudak sakola di daérahna.
Kepala Dinas Pendidikan Purwakarta, Sadiyah, M.Pd, nétélakeun yén panglimpahan sapédah téh minangka tanda apresiasi pikeun murid anu rajin jeung berprestasi, ogé pikeun nyemangatan barudak supaya leuwih resep sakola. Komo dua budak ieu téh tadina teu nuluykeun sakola ka jenjang SMP. Kari-kari ku ayana program Gubernur Jabar "Angka Putus Sekolah", ieu pikeun nyukseskeun program éta.
“Kami hoyong barudak Purwakarta tetep sumanget diajar jeung rajin sakola. Mugia sapédah ieu tiasa ngabantu maranéhna datang ka sakola kalayan gumbira,” saur Sadiyah.
Ipan Muhammad ngedalkeun rasa kabungahna sanggeus nampa sapédah anyar.
“Abdi bungah pisan, ayeuna tiasa indit ka sakola sorangan maké sapédah. Hatur nuhun ka ibu ti Dinas Pendidikan,” pokna bari seuri.
Sedengkeun Muhamad Khoirul Nijam ogé jangji bakal terus rajin diajar sangkan tiasa ngaharumkeun ngaran sakolana jeung ngabanggakeun kolotna.
Program panglimpahan sapédah ieu mangrupa bagian tina Gerakan Juma'ah Berkah anu dijalankeun ku Dinas Pendidikan Purwakarta pikeun ngaronjatkeun sumanget diajar sarta ngawangun karakter hadé barudak sakola.***
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "Dua Murid SMPN Satap Terpadu Rawasari Nampa Hadiah Sapédah Ti Bupati Om Zein, Diserahkeun Ku Dinas Pendidikan"
Posting Komentar