WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah

Patroli Gabungan Skala Gedé di Purwakarta, Wujud Sinergitas TNI, Polri jeung Pamaréntah PURWAKARTA – WSO,- Dina poé Rebo, 14 Okt...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ceuk Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan: Ngahudangkeun Rasa Sunda Bandung Jadi Tuan Rumah FTBI 2025

Ceuk Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan:
Ngahudangkeun Rasa Sunda
Bandung Jadi Tuan Rumah FTBI 2025

Bandung - Grup WARTA Sunda,-
Kota Bandung kapilih jadi tuan imah Festival Tunas Basa Indung (FTBI) tingkat SD jeung SMP sakuliah Jawa Barat taun 2025. Ieu kagiatan jadi ajang penting pikeun ngaronjatkeun kanyaah kana basa jeung budaya Sunda di kalangan rumaja sakola dasar nepi ka sakola menengah.

Kota Bandung Jadi Tuan Imah FTBI 2025, Target Juara Umum

Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan, ngedalkeun rasa reueus sarta sukur lantaran Bandung dipercaya ngayakeun acara penting ieu. Numutkeun anjeunna, minangka ibu kota Jawa Barat, Kota Bandung kudu jadi puseur peradaban jeung kabudayaan Sunda.

“Kota Bandung téh tempat campuran rupa-rupa budaya, boh lokal boh global. Ku sabab éta, urang wajib ngajaga sangkan basa jeung budaya Sunda tetep hirup di tengah masyarakat,” saur Farhan dina acara bubuka FTBI di Hotel Horison, Salasa (7/10/2025).

Farhan nandeskeun deui yén basa téh cicirén bangsa, sarta lamun leungit basana, bakal leungit ogé jati diri bangsa éta. Anjeunna ngajak warga sangkan leuwih rajin ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe, boh di kulawarga boh di sakola.

“Ayeuna seueur barudak nu isin ngomong Sunda. Padahal basa Sunda téh basa haté, basa nu nyambungkeun urang jeung kulawarga,” pokna.

Samentara éta, Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung, Asep Gufron, nyebut yén FTBI téh mangrupakeun wadah penting pikeun ngélingan deui warga ngeunaan pentingna ngajaga jeung ngagunakeun basa Sunda.

Lamun basa Sunda teu diprak-prakkeun, bisa laun-laun leungit. Ku sabab éta, urang terus ngadorong program Kamis Nyunda jeung pamakean baju pangsi di sakola,” saur Asep.

FTBI 2025 ieu diiluan ku 27 kabupatén/kota sakuliah Jawa Barat, kalayan rupa-rupa lomba saperti dongéng basa Sunda, maca jeung nulis aksara Sunda, pupuh, biantara, pidato basa Sunda, nepi ka seni tradisional saperti tembang Sunda, tari tradisional, jeung karawitan.

Salian ti éta, aya ogé pameran karya literasi jeung budaya Sunda anu diiluan ku sakola-sakola ti sakuliah Jawa Barat. Acara ieu dipiharep bisa nguatkeun sumanget pelestarian basa daerah jeung nimbulkeun rasa reueus barudak kana budaya Sunda.

“Mudah-mudahan Kota Bandung tiasa jadi juara umum, sapertos dina lomba Pendidikan Agama Islam tingkat Jawa Barat kamari,” tambah Asep.

Kagiatan FTBI 2025 ieu ogé bisa disaksian langsung ngaliwatan kanal YouTube Balai Basa Provinsi Jawa Barat.

Ku kituna, warga Jawa Barat, utamana generasi ngora, diajak pikeun ngarojong pelestarian basa Sunda minangka bagian tina jati diri urang Sunda. Ngajaga basa Sunda sarua jeung ngajaga roh budaya urang sorangan.
Di tempat anu beda, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Sadiyah, M.Pd, saméméhna geus ngaleupaskeun kontingen FTBI Kabupatén Purwakarta di Gedung Linuhung, pikeun tandang makalangan di Kota Bandung, malah mandar Purwakarta nargetkeun 3 kapinunjulan.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ceuk Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan: Ngahudangkeun Rasa Sunda Bandung Jadi Tuan Rumah FTBI 2025"

Posting Komentar