WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

139 Siswa SDN 2 CIBINGBIN: Belajar di Rumah Warga, di 4 Titik



139 Siswa SDN 2 CIBINGBIN: Belajar di Rumah Warga, di 4 Titik

PURWAKARTA - Grup Warta Sunda,-

Lantaran pangaruh tina pangwangunan gedong sakola, prosés Kagiatan Belajar Mengajar (KBM) di SDN 2 Cibingbin, anu perenahna di Kampung Sukajadi RT 14/RW 05, Désa Cibingbin, Kacamatan Bojong, Kabupatén Purwakarta, ayeuna kudu dilaksanakeun di imah warga.
Sanajan kitu, suasanana henteu béda jeung di sakola. Murid-murid diajar saperti biasa kalayan bimbingan guru-guru, sedengkeun pihak sakola, dibantu ku tokoh masarakat sarta Panitia Pembangunan Satuan Pendidikan (P2SP), ngatur tempat diajar di opat titik, nya éta di imah Mang Abes, Bah Miok, Teh Nepi, jeung Mang Iman, anu kabéh perenahna di RT 13 jeung 14.
Nuruturkeun Kepala Sakola SDN 2 Cibingbin, Irma Nurmilah, S.Pd, nalika diwawancara ku Grup Warta Sunda dina poé Salasa (7 Oktober 2025), léngkah ieu dilakukeun pikeun ngajaga sangkan prosés KBM tetep lumangsung normal bari ngantosan réngséna revitalisasi gedong sakola.
“Kami berkoordinasi sareng Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, sangkan murid bisa tetep diajar di imah warga nepi ka pangwangunan sakola réngsé. Direncanakeun pangwangunan bakal réngsé kira-kira bulan Désémber nu bakal datang,” saur Irma Nurmilah, direncangan ku Ketua P2SP Asep Saepudin.

Di tempat séjén, Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Sadiyah, M.Pd, ngaliwatan sambungan télépon, ngabenerkeun yén kagiatan KBM di SDN 2 Cibingbin ayeuna memang dilaksanakeun di imah warga.

“Léngkah éta minangka bagian tina usaha sangkan prosés diajar murid teu kaganggu sanajan aya revitalisasi,” pokna.

Ceuk Ketua P2SP Asep Saepudin, ngawakilan tokoh masarakat, inyana ngiring bingah yén di Désa Cibingbin, sepuh wali murid aya nu kersa imahna dijadikeun tempat dialajar barudak, dina kaayaan sakitu mistina. "Mugia pangwangunan sakola dina kaayaan lancar tanpa harungan, halangan sakumaha anu dijadwalkeun kalender berjalan," Pokna.

Dumasar kana data anu kacatet, yén SDN 2 Cibingbin miboga NPSN 20217438 sarta geus diakreditasi B dumasar kana SK No. 02.00/128/SK/BAN-SM/IX/2018. Sakola ieu mibanda luas lahan 1.365 m², jumlah murid 139 urang, sarta ditunjang ku 11 tenaga pendidik jeung kependidikan.

Salian ti éta, sakola ogé geus nyambung kana listrik PLN jeung internét, anu ngamungkinkeun siswa meunang aksés élmu leuwih lega. SDN 2 Cibingbin ogé miboga alamat email resmi: uptdsdn2cibingbin@gmail.com.

Kalayan akreditasi B jeung sistem diajar lima poé sapoé, SDN 2 Cibingbin terus nunjukkeun komitmén pikeun nyayogikeun atikan anu bermutu pikeun muridna.

Pihak sakola miharep revitalisasi ieu sanggup ningkatkeun fasilitas jeung suasana diajar sangkan leuwih nyaman pikeun generasi saterusna.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "139 Siswa SDN 2 CIBINGBIN: Belajar di Rumah Warga, di 4 Titik"

Posting Komentar