Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara
“Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.”
Sunda, Cikal Bakal Peradaban Nusantara
Suku Sunda mangrupakeun salah sahiji suku panggedéna di Indonésia. Ti abad ka-2 Masehi, tanah Sunda geus ngadegkeun sababaraha karajaan gedé, saperti Salakanagara, Tarumanegara, Galuh, jeung Pajajaran.
Kecap “Sunda” miboga harti alus, beresih, bodas, jeung caang. Nepi kiwari, urang Sunda ngajaga ajén cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter minangka jati diri jeung warisan karuhun.
Generasi kiwari diajak pikeun reueus jeung terus ngajaga budaya Sunda sangkan teu leungit ku jaman. ***
#wartasunda
#grupmajalahwartasunda
#UrangSunda
#BudayaSunda
#SajarahSunda
#BanggaJadiSunda
#KarajaanSunda
#WarisanKaruhun
#GenerasiSunda
#NgajagaBudaya
#SundaNgahiji
#ReueusSunda
0 Response to "Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara"
Posting Komentar