WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Sazkya Meka Kelas 9 Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan PleredRaih Kontén Video Terfavorit Kadua

Sazkya Meka Kelas 9 Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan PleredRaih Kontén Video Terfavorit Kadua

Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-Prestasi anu disangking ku Sazkya Meka siswa kelas 9, SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, dina ajang Kompetisi Digital Profil Sekolah (KDPS) 2025. Dina lomba éta, Sazkya hasil ngadamel kontén kreatif anu sanggup narik perhatian loba pamiarsa sarta kapilih jadi kontén video terfavorit kadua.

Kompetisi Digital Profil Sekolah 2025 téh mangrupakeun wadah pikeun murid-murid ngamekarkeun bakat digitalna, boh dina widang kreasi video, desain, atanapi presentasi profil sakola ku cara inovatif. Sazkya Meka, kalayan daya imajinasi jeung kamekaran téknologi anu hadé, tiasa nunjukkeun yén generasi ngora sanggup bersaing jeung ngahasilkeun karya anu bermutu.

Kapilihna kontén anu dijieun ku Sazkya salaku karya terfavorit kadua ngabuktikeun yén karya barudak sakola bisa dipikaresep ku masyarakat. Prestasi ieu ogé jadi panyangga motivasi pikeun sakumna siswa, hususna di sakola tempat Sazkya diajar, sangkan leuwih percaya diri dina widang digital.

Kapala sakola, Yanto Heryanto, S.S., nyarios yén anjeunna ngarasa reueus jeung bangga kana hasil anu dipidangkeun ku siswi kelas 9 éta.

Alhamdulillah, prestasi ieu janten bukti yén siswa urang sanggup ngamangpaatkeun téknologi sacara positif. Mugia Sazkya janten inspirasi pikeun rerencanganana sangkan teu ragu pikeun terus berkarya,” saur anjeunna.

Sazkya Meka siswa kelas 9, SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, nalika nampi layang pangajen ti Sadiyah, M.Pd. (Plt. Kadisdik Purwakarta) anu parantos mere apresiasi.*

Sedengkeun guru pembimbing, Murni Ayu Lestari, S.Pd, nambahkeun yén prosés nyiapkeun kontén video téh teu gampang, tapi ku usaha jeung kasabaran, hasilna tiasa ngagedurkeun ngaran sakola.

Kami ngadukung pisan kreativitas siswa. Insya Allah ieu jadi léngkah awal pikeun lahirna generasi digital anu kreatif jeung produktif,” pokna.



Ku ayana hasil anu ngagumbirakeun ieu, sakola miharep prestasi Sazkya Meka jadi inspirasi pikeun murid séjén supaya leuwih percaya diri jeung berani nyoba hal anyar dina widang digital.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sazkya Meka Kelas 9 Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan PleredRaih Kontén Video Terfavorit Kadua"

Posting Komentar