Kursus Mahir Dasar 2025: 70 Paserta Sarumanget Ngudag Élmu di Pondoksalam
Kursus Mahir Dasar 2025:
70 Paserta Sarumanget Ngudag Élmu di Pondoksalam
Kursus Mahir Dasar (KMD) 2025 Resmi Dimimitian di SDN 2 Sukajadi
PURWAKARTA – Grup Warta Sunda,-
Kursus Mahir Dasar (KMD) taun 2025 sacara resmi dimuka di SDN 2 Sukajadi, Kacamatan Pondoksalam, dina Jumaah, 19 Séptémber 2025. Kagiatan ieu dipapagélarkeun ku Kwartir Ranting (Kwarran) Gerakan Pramuka Pondoksalam sarta diiluan ku 70 urang calon pembina Pramuka.
Acara ieu dibuka langsung ku Sekretaris Kwarcab Purwakarta, Kak H. Wahyu Wibisono, anu ogé Staf Ahli Bupati Purwakarta Widang Sumber Daya Manusa. Dina amanatna, anjeunna negeskeun yén peran pembina téh kacida pentingna dina nyetak generasi ngora anu boga karakter jeung kompeténsi.
“Mugi para paserta KMD tiasa ngamangpaatkeun kasempetan ieu pikeun ningkatkeun élmu jeung katerampilan. Ku kituna, sanggup janten pembina anu profésional, berkarakter, sarta mampuh nyetak generasi ngora anu tangguh jeung boga jiwa kapamingpinan,” saur anjeunna.
Samentara éta, Ketua Panitia KMD 2025 Kwarran Purwakarta, Ahmad Dahlan, M.Pd., ngajelaskeun yén kagiatan ieu lumangsung salila genep poé, nya éta ti tanggal 19–21 jeung 26–28 Séptémber 2025.
“Paserta baris narima rupa-rupa materi ngeunaan kepramukaan, kaasup prinsip dasar, métode, sarta program pangbinaan pikeun anggota ngora jeung déwasa,” pokna.
Pinsus KMD Pondoksalam, Sukiman, S.Pd., M.Pd., ogé ngahaturkeun rasa syukur lantaran paserta katingalina sarumanget. Anjeunna miharep ku ayana KMD ieu, kualitas jeung kapasitas para pembina Pramuka di Pondoksalam bisa leuwih ningkat, sangkan sanggup nyiptakeun generasi ngora anu berprestasi jeung berkarakter.
Lian ti éta, dua urang perwakilan Mabigus og é ngadukung kagiatan ieu. Asep Robi Maulana Yusup, M.Pd., ti SDN Salam Mulya jeung Fitri Dwi Utami ti SDN 1 Parakansalam nétélakeun yén KMD téh mangrupa dasar penting pikeun nguatkeun pangbinaan Pramuka di sakola.
“Kursus ieu jadi wadah silih bagi pangalaman, ngaronjatkeun sinergi, sarta ngabentuk pramuka garuda anu leuwih loba di Pondoksalam,” saur maranéhna.
Ku ayana sumanget para paserta, KMD 2025 ieu dipiharep bisa ngalantarankeun lahirna pembina-pembina Pramuka anu kompetén pikeun ngawujudkeun generasi ngora anu mandiri, disiplin, jeung boga rasa kapamingpinan anu kuat.***
0 Response to "Kursus Mahir Dasar 2025: 70 Paserta Sarumanget Ngudag Élmu di Pondoksalam"
Posting Komentar