Kepala Desa Cibogohilir Apresiasi Sinergi Jeung SDN 1 Cibogohilir Dina Kagiatan Muludan
Kepala Desa Cibogohilir Apresiasi Sinergi Jeung SDN 1 Cibogohilir Dina Kagiatan Muludan
Inyana ogé, ngajelaskeun yén, Kepala SDN 1 Cibogohilir nu ayeuna, nyaéta ibu Junjun Junitri, S.Pd, minangka pribadi anu "GIRAS"
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Kepala Désa Cibogohilir, Asép Hariyanto, ngedalkeun rasa bungahna bisa silih sinergi jeung pihak SDN 1 Cibogohilir dina ngalaksanakeun program pamaréntah daérah. Dina kasempetan éta anjeunna miharep momen ieu tiasa janten motivasi boh keur siswa boh keur para tenaga pendidik jeung kependidikan.
Ucapan éta ditepikeun ku Asép Hariyanto dina biantara di hareupeun para tamu undangan sarta sakumna peserta kagiatan Muludan SDN Cibogohilir. Anjeunna ogé nandeskeun yén gawé bareng antara sakola jeung pamaréntah désa jadi léngkah penting pikeun ngaronjatkeun atikan di lingkungan masarakat.
Inyana ogé, ngajelaskeun yén, Kepala SDN 1 Cibogohilir nu ayeuna, nyaéta ibu Junjun Junitri, S.Pd, minangka pribadi anu "GIRAS" jeung sumanget dina ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan sakola. Program-program anu keur dikembangkeun ogé dipiharep bisa masihan mangpaat nyata pikeun kamajuan atikan di désa Cibogohilir.
Samentara éta, Kepala SDN 1 Cibogohilir, Ibu Junjun Junitri, S.Pd, ngajelaskeun harepanna dina acara Maulid Nabi Muhammad SAW taun 2025 ieu. Anjeunna miharep sangkan kagiatan ieu teu saukur seremonial, tapi ogé janten ajang pikeun murid-murid ngaraketkeun rasa cinta ka Rosulullah sarta bisa ngalarapkeun akhlakna dina kahirupan sapopoe.
Dina puncak acara, hadir ogé Kiyai Haji Dadah Darul Falah anu masihan tausiah ngeunaan makna Maulid Nabi Muhammad SAW. Tausiah éta jadi pangajaran spiritual pikeun sakumna peserta, utamana murid, pikeun leuwih nguatkeun iman jeung takwa sarta
supaya leuwih nyaah kana ajaran agama sarta bisa ngamalkeun akhlak mulya dina kahirupan sapopoe.***
0 Response to "Kepala Desa Cibogohilir Apresiasi Sinergi Jeung SDN 1 Cibogohilir Dina Kagiatan Muludan"
Posting Komentar