WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Proyék Rp33 Miliar di Purwakarta Diduga Malirekeun K3, Pagawe Asal Bandung Katimpa Musibah, Sirahna Dijahit 10 Jahitan

Proyék Rp33 Miliar di Purwakarta Diduga Malirekeun K3, Pagawe Asal Bandung Katimpa Musibah, Sirahna Dijahit 10 Jahitan Purwakarta – Warta Su...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Hj. Dedah Rosidah, S.Pd Purna Bhakti Sanggeus Ngabdi 39 Taun 6 Bulan


Hj. Dedah Rosidah, S.Pd Purna Bhakti Sanggeus Ngabdi 39 Taun 6 Bulan

Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Hiji deui sosok pendidik nu satia ka nagara parantos ngalaksanakeun purna bhakti. Hj. Dedah Rosidah, S.Pd resmi pensiun ti tanggal 1 Séptémber 2025, sanggeus ngorbankeun waktu jeung tanaga jadi guru salila 39 taun 6 bulan.

Karirna dimimitian taun 1986, nalika aya program pamaréntah ngirimkeun 10 urang guru bhakti ka SDN Sindangsari Pléréd nu harita ngagunakeun bangunan antar satuan. 
Teraskeun, ti taun 1995 nepi ka 2012 anjeunna janten guru di SDN 2 Cadassari. Taun 2012 – 2014, meunang kapercayaan janten kapala sakola di SDN 1 Karya. Saterusna taun 2014, ngajar salila 8 bulan di SDN Cadas Mekar, lajeng ti taun 2016 nepi ka pensiun deui tugasna di SDN 2 Cadassari.

Dina lalampahanana, Dedah Rosidah ogé sempet meunang pangajén minangka Guru Berprestasi taun 2011, nu hadiahna nyaéta ibadah Umroh. 
Sajaba ti ngabdi salaku guru di sakola dasar, Hj. Dedah Rosidah, S.Pd ogé kungsi ngalakukeun pangabdian tambahan minangka tutor Kejar Paket. Dina taun 1987 – 1988, anjeunna aktip ngajalankeun program Calistung (Maca, Nulis, Itung) pikeun ngurangan angka buta hurup di masarakat.

Program éta ngarekrut 12 urang ibu-ibu salaku murid, di antarana Ema Nono, Ema Ikoh, jeung Ema Nunu, nu kacida sumangetna dina prosés diajar. Ku usaha jeung kasabaran anjeunna, seueur ibu-ibu nu tadina teu tiasa maca jeung nulis jadi leuwih mandiri sarta percaya diri.

Langkah Hj. Dedah Rosidah ieu janten bukti yén pangabdian guru henteu ngan ukur di kelas, tapi ogé ngalangkungan masarakat pikeun ngawangun generasi nu leuwih hadé.

Dina widang organisasi, Dedah Rosidah kungsi jadi Bendahara PGRI dua periode dina kapamingpinan H. Ade Solihin, S.Pd, M.Pd. Anjeunna ogé janten Bendahara Kwarran dua periode, nalika dipupuhuan ku H. Engkos, S.Pd (alm) jeung Salim, S.Pd.

Salila jadi tenaga pendidik jeung kependidikan, Dedah Rosidah ogé salawasna meunang dukungan ti salakina, H. Adeng Sukmana, S.Pd, M.Pd, anu parantos jadi pendamping hirupna ti taun 1985. Maranéhna dikaruniai 3 urang palaputra, malah salah sahiji, Cép Irpan, neraskeun tapak tilas kolotna jadi ASN di bidang pendidikan.

Purna baktina Hj. Dedah Rosidah janten conto nyata yén pangabdian tulus sarta ikhlas dina dunya atikan bisa nyumbang gedé pikeun masa depan bangsa.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Hj. Dedah Rosidah, S.Pd Purna Bhakti Sanggeus Ngabdi 39 Taun 6 Bulan"

Posting Komentar