WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Hasil Karancagean KCIC jeung Desa Depok Mawa Mangpaat keur Pendidikan di SDN 4 Depok


Hasil Karancagean KCIC jeung Desa Depok Mawa Mangpaat keur Pendidikan di SDN 4 Depok

Kepala SDN 4 Depok Hj. Elih Muslimah: Dorong Inovasi jeung Pamekaran Fasilitas

Darangdan - GRUP MAJALAH WARTA SUNDA,-
29 Désémber 2022 minangka titimamgsana keur Hj. Elih Muslimah, S.Pd resmi kapilih jadi Kepala SDN 4 Depok Darangdan, saatos anjeunna meunangkeun kapercayaan sanggeus ngajabat salaku guru di SDN 2 Karoya Kecamatan Tegalwaru Purwakarta. 
Kukituna nepika diistrenan mupuhuan di éta sakola tug dugika kiwari. 
Sakola anu perenahna di Kp. Pasirmalang RT 12/04, Desa Depok, Kecamatan Darangdan, miboga lahan sakitar 2.830 méter pasagi. Dina lahan éta parantos hasil ngadegkeun fasilitas olahraga anyar saperti lapang bal voli ukuran 12 x 25 méter jeung lapang olahraga séjén. Pamekaran ieu bisa kahontal berkat gawé bareng sareng PT WIKA KCIC, difasilitasi ku karang taruna Desa Depok, sarta dirojong ku Kepala Desa Depok jeung anggota DPRD.
Tanah anu dipaké kaasup tanah bengkok, sarta sakola meunangkeun idin resmi ti kepala desa pikeun ngawangun fasilitas anu ogé tiasa dipaké ku masyarakat. Lokasi sakola anu deukeut jalur KCIC ogé jadi tempat sosialisasi ngeunaan larangan kaulinan anu ngabahayakeun saperti main lalayangan. Program tanggung jawab sosial (CSR) ti Pa Nuryadi ogé rutin masihan dukungan unggal genep bulan.

Dina bidang prestasi, saur guru olahraga Acep Supriatna, S.Pd kabagjaan ku sukses ngadidik murid-murid nepi ka juara turnamén Olahraga Galahsin tingkat kecamatan sarta lajeng maju ka tingkat kabupatén.

Lian ti éta, di SDN 4 Depok ayeuna kacatet aya 27 siswa anu nuturkeun ANBK, kalawan total murid sakola ngahontal 155 urang. Jumlah tenaga pendidik aya 9 urang, rincianna 7 PNS jeung 2 honorer.

Kajaba ti éta ogé, yén SD Negeri 4 Depok anu perenahna di Jl. Raya Cisomang-Plered, Desa Depok, Kecamatan Darangdan, Kabupaten Purwakarta, mangrupa salah sahiji sakola dasar negeri anu terus ngalaksanakeun pendidikan dasar pikeun barudak di sakurilingna. Sakola ieu gaduh NPSN 20217204 sarta geus meunang akreditasi B.

Dina taun ajaran 2025/2026 semester kahiji, SD Negeri 4 Depok ngadidik 155 siswa, anu ngawengku 79 siswa lalaki jeung 76 siswa awéwé. Para siswa dibagi kana 6 rombongan belajar kalayan dipingpin ku Kepala Sakola Elih Muslimah sarta dibantu ku operator sakola Cindy Sopianti.

Sanajan fasilitas sakola can lengkep saperti laboratorium jeung aksés internet, SD Negeri 4 Depok tetep ngagunakeun Kurikulum Merdeka sarta nyelenggarakeun sistem sakola sehari penuh lima poé. Sarana anu geus aya diantarana 6 ruang kelas, 1 perpustakaan, jeung 2 fasilitas sanitasi siswa, kalayan suplai listrik ti PLN 900 watt.

Ku komitmen manajemén berbasis sakola, SD Negeri 4 Depok terus usaha ngajarkeun élmu, karakter, jeung nilai ka murid-muridna, supaya bisa nyiapkeun generasi ngora anu siap nyanghareupan tantangan mangsa nu bakal datang.***








Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Hasil Karancagean KCIC jeung Desa Depok Mawa Mangpaat keur Pendidikan di SDN 4 Depok"

Posting Komentar