WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BPD Warungkadu Siap Bersinergi jeung Pamaréntah Désa pikeun Kapentingan Masarakat

BPD Warungkadu Siap Bersinergi jeung Pamaréntah Désa pikeun Kapentingan Masarakat

Pasawahan/Purwakarta – Grup Warta Sunda,-

Dina Taun Anggaran 2025, Badan Permusyawaratan Desa (BPD) Désa Warungkadu, Kacamatan Pasawahan, ngalaksanakeun kagiatan peningkatan kapasitas pikeun ngaronjatkeun élmu jeung kamampuhan dina ngalaksanakeun fungsi jeung tugasna, Salasa, 30/9/2025 di Balé Désa Warungkadu, Kecamatan Pasawahan, Purwakarta. 
Kegiatan ieu dipingpin ku Ketua BPD, Jajang Jaeni Dahlan, S.Ag. sarta diiluan ku lima anggota séjén, nyaéta:

1.  Jaeni Dahlan, S.Ag. (Ketua) 
2.  Nining (Bidang Pemberdayaan)
3.  Muhidin (Wakil Ketua)
4.  Ayok Kandi (Sekretaris)
5.  Irwan Saepuloh (Bidang Pamaréntahan). 

Kagiatan ieu dipaparin ku narasumber ti Dinas Pemberdayaan Masyarakat Desa (DPMD) Purwakarta, Wiwin, kalayan ngagunakeun sumber dana ti DBHP.
Numutkeun katerangan Ketua BPD, hasil tina palatihan ieu ngajadikeun anggota BPD leuwih paham, jero, sarta progresif dina ngalaksanakeun kawajibanana.

"Mugia BPD Warungkadu tiasa langkung bersinergi sareng pamaréntah désa, ogé leuwih agrésif dina ngawal kabijakan pikeun kapentingan masyarakat," saur Jajang Jaeni Dahlan.

Kagiatan ieu diharepkeun bisa janten dorongan pikeun nguatkeun peran BPD dina ngawal pamaréntahan désa supaya leuwih transparan, partisipatif, sarta tanggung jawab.

Sedengkeun perwakilan pihak désa, nyaéta Sekretaris Desa Warungkadu Kecamatan Pasawahan, Mulyani, ngungkabkeun yén pamaréntah désa ayeuna bersinergi raket jeung BPD, boh dina widang pamaréntahan boh dina ngaronjatkeun peran Bamusdes/BPD.
"Ku ayana program ieu, kacida karasa aya paningkatan jeung hasilna positif pikeun kolaborasi pemdes jeung BPD," saur anjeunna.

Ku kituna, kagiatan ieu diharepkeun bisa janten dorongan pikeun nguatkeun peran BPD dina ngawal pamaréntahan désa supaya leuwih transparan, partisipatif, sarta tanggung jawab.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BPD Warungkadu Siap Bersinergi jeung Pamaréntah Désa pikeun Kapentingan Masarakat"

Posting Komentar