WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Bale Sawareka, Simbol Kreatifitas jeung Inovasi Siswa SMPN 2 Bojong

Bale Sawareka, Simbol Kreatifitas jeung Inovasi Siswa SMPN 2 Bojong

PURWAKARTA – Grup Warta Sunda,-
Bale Sawareka, nyaéta galeri atawa showroom hasil pangajaran Tatanen di Bale Atikan (TdBA), resmi dibuka dina poé Rebo, 24 Séptémber 2025, di lingkungan SMPN 2 Bojong.

Bale ieu dirarancang pikeun jadi tempat mintonkeun rupa-rupa karya jeung inovasi murid, boh panganan, inuman, pupuk organik, boh karya seni séjén anu asalna tina prosés diajar TdBA. Sajaba ti éta, Bale Sawareka ogé boga tujuan pikeun ngalatih murid dina widang wirausaha sarta nguatkeun kapercayaan dirina pikeun mintonkeun hasil karya ka balaréa.

Kadisdik Purwakarta, Ibu Sadiyah, anu hadir langsung dina acara peresmian, ngedalkeun harepanana sangkan Bale Sawareka bisa jadi sumber inspirasi keur sakola-sakola séjén di Kabupaten Purwakarta. Anjeunna ogé nengetan yén program TdBA mangrupa léngkah strategis pikeun nguatkeun karakter jeung kaparigelan hirup siswa.

Samentara éta, Kepala SMPN 2 Bojong, Eutik ngedalkeun rasa syukurna lantaran sakola nu dipupuhunanna meunang kasempetan pikeun ngayakeun Bale Sawareka. Anjeunna nyarios:

"Bale Sawareka téh lain ukur galeri pikeun mintonkeun hasil karya murid, tapi ogé simbol kumaha sakola sanggup ngamekarkeun kreatifitas, disiplin, jeung jiwa wirausaha barudak. Mugia ieu bisa jadi motivasi pikeun sakumna warga sakola sangkan leuwih sumanget dina ngalaksanakeun program TdBA."

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bale Sawareka, Simbol Kreatifitas jeung Inovasi Siswa SMPN 2 Bojong"

Posting Komentar