WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

🚩 SDN 1 Nagri Kaler Magelarkeun Jalan Santai jeung Lomba HUT RI ka-80


🚩 SDN 1 Nagri Kaler Gelar Jalan Santai jeung Lomba HUT ka-80 RI, Meriah tur Penuh Kabersamaan


Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-

Dina raraga mapag jeung miéling Kamerdikaan Republik Indonesia ka-80, SDN 1 Nagri Kaler ngayakeun ku sarupaning kagiatan saperti acara bubukana ku acara "Jalan Santay" Lamgsung star di buruan sakola nepika patalimarga Kemuning, lumamgsung pinuh ku kabungah jeung kabersamaan, poé Kemis (21/8/2025).


Kagiatan dibuka ku jalan santai anu diiluan ku sakumna murid ti kelas 1 tug dugika kelas 6, guru, komite sakola, ogé kolot muridns. Jalan santai ieu henteu ukur pikeun kaséhatan, tapi ogé pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antawis sakola jeung warga sabudeureunana.

Sanggeusna, dilaksanakeun macam-macam lomba saperti balap karung, balap kaleci dina sendok, pukul balon, makan kurupuk jeung lomba kaulinan tradisional séjénna.

Murid-murid katingali sarumanget, sedengkeun guru jeung kolot murid ngadukung kalawan sumanget kalayan surak.

Keterangan Poto : Kepala SDN 1 Nagri Kaler, Yusup Saéfuloh, S.Pd


Kasauran Kepala SDN 1 Nagri Kaler, Yusup Saéfuloh, S.Pd, ngedalkeun rasa syukur sarta ngaharepkeun sangkan kagiatan sapertos kieu bisa terus dilaksanakeun unggal taun.
“Ieu acara lain ukur pikeun ngareuah-reuah kamerdikaan, tapi ogé pikeun ngawangun rasa persatuan, gotong royong, jeung kabersamaan,” saur anjeunna.

Ku ayana kagiatan ieu, SDN 1 Nagri Kaler henteu ngan ukur ngarojong pendidikan akademik, tapi ogé ngalatih murid pikeun mikanyaah budaya jeung ngajaga rasa kabangsaan.***



Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "🚩 SDN 1 Nagri Kaler Magelarkeun Jalan Santai jeung Lomba HUT RI ka-80"

Anonim mengatakan...

Sekolah favorite di purwakarta... Keren masyaallah

REDAKTUR : Tim Redaksi mengatakan...

Terimakasih, atas atensinya. Semoga sekolahnya semakin maju

Posting Komentar