WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Asép Solihin, S.Pd., Kenging Layang Pangajén Pancawarsa VI


Asép Solihin, S.Pd., Kenging Layang Pangajén Pancawarsa VI

PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda,-

Asép Solihin, S.Pd., salasaurang Andalan Ranting di Kwarran Pléréd nu kenging layang pangajén Tanda Penghargaan Lencana Pancawarsa VI luyu sareng No. : 0914/004/VI/2025 nu di kaluar keun ku Kwarda Gerakan Pramuka Jawa Barat SK No. : 67 Tahun 2025, ku lantaran dedikasina dina keaktifan Anggota Dewasa Gerakan Pramuka lima taun masih eksis kana Gerakan Pramuka di gugus depan sarta di Kwarran Pléréd, Purwakarta. 

Dina kesempatan éta, redaksi nepika ngawawancara sabada kenging layang pangajén dina acara miéling HUT Pramuka ka-64. 
Asép Solihin, S.Pd., Kenging Layang Pangajén Pancawarsa VI. *

Dirina ngeceskeun, "Alhamdulillah di momen HUT Pramuka ka-64 warsih 2025 ieu simkuring kenging kabingah nyaéta Kahiji simkuring kenging piagam penghargaan pancawarsa VI ti Kwarda provinsi Jawa Barat, atuh anu kaduana perdik simkuring ti pangkalan SDN Palinggihan Dina lomba SKU challenge Warsih 2025 anu diayakeun ku pengurus Kwaran Plered ngaraih pinunjul ka 1.

"Mudah-mudah ieu janten motivasi kanggo simkuring hususna salaku pembina Pramuka di SDN Palinggihan Oge selaku pengurus Kwaran Plered kanggo langkung nanjeur keun deui gerakan Pramuka di SDN Palinggihan husuna atuh umumna di kwartir ranting Plered." Pokna. 

Kamabicam Kecamatan Pléréd, Heri Anwar masrahkeun Layan Pangajén Pancawarsa VI ka Asép Solihin, S.Pd.*

Salajengna simkuring salaku pembina Pramuka di SDN Palinggihan ngahaturkeun nuhun ka Pupuhu atanapi ka Mabigus SDN Palinggihan sareng rekan rekan pembina Pramuka SDN Palinggihan anu parantos ngadukung masihan motivasi sareng kerja sama anu kompak Dina Salami simkuring ngalaksanakeun kegiatan SKU challenge Oge ka rekan rekan pengurus Kwaran Plered anu parantos ngabantos Sagala rupina sehingga simkuring tiasa ngaraih piaga penghargaan pancawarsa VI ti Kwarda provinsi Jawa.oge hatur nuhun pisan ka pa Camat kecamatan Plered salaku Mabiran anu parantos ngadukung Kana kegiatan anu parantos dilaksanakeun ku pengurus Kwaran Plered.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Asép Solihin, S.Pd., Kenging Layang Pangajén Pancawarsa VI"

Posting Komentar