WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Maniis Jalan Umum di Maniis, Ayeuna Jalanna Leucir

Maniis Jalan Umum di Maniis

Ayeuna Jalanna Leucir

PURWAKARTA – www.wartasunda.id

Luyu jeung nu jadi udagan Pamaréntah Kabupatén Purwarkarta ngeunaan programna nyaéta "Ngurus Lembur Nata Kota, Ngosrek Purwakarta Istimewa" téh, ayeuna geus karasa mangpaatna nepi ka wewengkon pilemburan di Kecamatan Maniis, Purwakarta. Nilik tina kasigapan instantasi terkait anu widangna ngawangun jalan umum.

Poé Saptu, 5/7/2025 ka sorenakeun, mobil stum jeung pasukan Disperkim geus ngajega diburuan kantor kecamatan pikeun ngaspal jalan umum. Jalan éta téh, ku pihak Disperkim keur dipulasara patalimarga jalan umum lingkungan perkantoran ibu kota Kecamatan Maniis.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun netelakeun Disperkim ngaspal jalan luyu jeung ukuran jalan éta téh panjang jeung lebar Jalantéh ngawengku P1. 175 métér, L2. 30.56 métér.

Nitenan jalan umum nu ka kantor kecamatan geus leucir téh disambut baik ku warga Maniis, saperti halna  nu diebrehkeun ku PLt Sekcam H. ASEP MAMDUH EPENDI, S.Ag ka www.wartasunda,id dina selulerna. Inyana bungah amarwatasuta salaku perwakilan pagawé kecamatan mun mangkat ti imahna ka kantorna genah, lantaran jalanna leucir.

Hatur nuhun ka Om Zein "Bupati Purwakarta", anu parantos masihan bantosanb ku ngaspal jalan umum ka perkantoran. Akses ini kalintang gedé mangfaat pikeun masyarakat luas, kalebet barudak sakola. Mugia berkah tur mawa kamajuan pikeun Purwakarta Istimewa..!"

Ungkara éta ogé dihaminan ku Camat Kecamatan Maniis, R DIAN HAMDIANI HK, S.Sos., MAP nalika dipénta kamandangna ku www.wartasunda.id ngalewatan telpon selulerna, inyana ngarasa bungah, Alhamdulillah, jalan umum nu kakantor téh saé tur di aspal, mugia berkah kanggo warga masarakat Maniis khususna... Aamiin Yaa Robbal Alamin.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Maniis Jalan Umum di Maniis, Ayeuna Jalanna Leucir"

Posting Komentar