WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

PWI Kunjungi BPN Purwakarta, Kakan Tegaskeun: Tata Ruang Teu Saukur Urusan Tanah, Tapi Kepentingan Nasional

PWI Kunjungi BPN Purwakarta ,  Kakan Tegaskeun: Tata Ruang Teu Saukur Urusan Tanah, Tapi Kepentingan Nasional PURWAKARTA – Warta Sunda Onlin...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Sariak Layung



SARIAK LAYUNG

Kang Yoga

 

Sok hoyong ngembatkeun kawaaS 

Ati tingtim mancegkeun rasA

Rancingas rasa geus jolédaR

Ihtiar jalan longkéwang baktI

Asmaraloka can panggih laksananA

Kahayang ngembatkeun lamunan rasa ngagalaksaK

 

Lampah binarung tawakaL   

Asih, asah, asuh miraga sukma na jiwA

Yakin diri panineungan lir lagu sapu nyéré pegat simpaY  

Udagan can ka dongkang tapi waktu kudu mituhU

Nutup taun asa deukeut ka pajarataN

Galindeng  dangding kamelang mipindingan kalbu ratuG

 

@Hidroyan

Purwakarta.291220.22:28

#TatanéndiBaléAtikan.

 

 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sariak Layung "

Posting Komentar