WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pitutur : DUA PULUH AMANAH KOLOT

 

Ilustrasi.*

DUA PULUH AMANAH KOLOT :⁣⁣

⁣⁣

1. Sholat awal waktu⁣⁣

2. Ulah eureun néangan elmu⁣⁣

3. Ulah nyia-nyiakeun waktu.⁣⁣

4. Ulah eureun néangan babaturan⁣⁣

5. Pertahankeun Aqidah anu Murni⁣⁣

6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir⁣⁣

7. Lamun hayang maju kudu daék capé⁣⁣

8. Ulah embung disebut bodo⁣⁣

9. Ulah embung disebut sahandapeun⁣⁣

10. Sagala nu tumiba ka diri gara-gara diri⁣⁣

11. Ubar diri aya di diri⁣⁣

12. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri⁣⁣

13. Harga diri kumaha diri⁣⁣

14. Ari ngitung kudu ti hiji ulah ujug-ujug angka salapan⁣⁣

15. Mun keur nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenténg⁣⁣

16. Sanajan teu lumpat tapi ulah cicing⁣⁣

17. Sagedé-gedéna jalan syaré'at ulah matak ngurangan tawakkal ka Alloh⁣⁣

18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, tapi kudu lempang dina kudu, kudu eureun dina ulah⁣⁣

19. Tong lésot haté tina éling ka Alloh dina kaayaan kumaha waé, sedih, susah jeung bungah⁣⁣

20. Sarébu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing. ⁣⁣

⁣⁣Farid Arimba

Teu kedah IZIN bade ngabagikeun mah mangga.. Mugi sing Aya Manfaat na Kanggo nu Maca sreng nu NgaSHARE Hatur Nuhun 📷📷⁣⁣

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pitutur : DUA PULUH AMANAH KOLOT"

Posting Komentar