WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

NGALEM, NGAJURUNG, MENERKEUN TILU ATIKAN KARAKTER Ku: Agus Mulyana

NGALEM, NGAJURUNG, MENERKEUN

TILU ATIKAN KARAKTER

Ku: Agus Mulyana


Aya kalana poho atawa bisa jadi geus sipat manusa, nu sok babari nyawad, nyaram, jeung nyalahkeun. Teu kaur manggih kajadian nu teu parok jeung haté, tara disaliksik, tara disalusur, jauh tangéh kana dilenyepan (ditafakuran) mah.


Minangka conto ieu mah:

Nyawad: "Bisa ari ka batur mah, sok contoan atuh!"

Ngalem: "Alus kudu kitu, sugan wé jadi kahadéan!"


Nyaram: "Teu kudu indit ka ondangan manéhna, tiheula gé urang hajat manéhna mah teu datang!"

Ngajurung: "Indit wé atuh, ulah saruana pédah tiheula manéhna teu datang!"


Nyalahkeun: "Kitu tah jadina ari dicontoan teu bener téh!"

Menerkeun: "Alusna mah contoan nu bener geura, piraku teu nurut!"


Karakter nyawad, nyaram, jeung nyalahkeun balukarna deukeut-deukeut kana ngabarubahkeun. Ari karakter ngalem, ngajurung, jeung menerkeun mah brasna kana katingtriman. Tilu karakter sipat manusa éta, bakal karasa antebna ku cara dilenyepan (tafakur).


Dipikir dibulak-balik, bener caritaan kolot baheula, yén tafakur najan sakeudeung waktuna leuwih hadé tibatan ... teu tafakur.***


Pasirangin, 17/11/2020

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NGALEM, NGAJURUNG, MENERKEUN TILU ATIKAN KARAKTER Ku: Agus Mulyana"

Posting Komentar