21 DOMBA “MEDAL SALUYU” TI PJB SATAUN GEUS ANAK BARANAHAN
21 DOMBA “MEDAL SALUYU” TI PJB, SATAUN GEUS ANAK BARANAHAN
“....
nu ngabédakeun domba di MEDAL SALUYU jeung domba-domba nu séjénna téh tina
awakna nu bongsor. Kawas kumaha atuh, awakna????”
TEGALWARU - WSO,-
|
K |
abagjaan keur kelompok Ternak/Tani Domba “MEDAL SALUYU” dina umur sataun geus bisa némbongkeun préstasina komo bari jeung ngalaksanakeun PROGRAM CSR PJB CIRATA anu sakitu nya’ahna ka wewengkon di Kecamatan Tegalwaru.
Malah mandar kelompok Ternak/Tani Domba “MEDAL SALUYU” dibagéakeun milangkala sataunna téh, ku ngariungna jeung pihak PJB UP CIRATA ngiring aub dina nyaksenan milangkala.
Bagéa milangkala sataun kelompok Ternak Domba “MEDAL SALUYU” pikeun ngaraharjakeun anggotana dina mangsa sasalad covid-19, anggotana tiasa sugema. Kitu ceuk salah saurng anggota kelompok Ternak Domba “MEDAL SALUYU”, Asep Bagio nu biasa disebat ka Warta Sunda Online sawatara katukang saméméhna acara bagéa milangkala kelompok Ternak Domba “MEDAL SALUYU” di bumina.
Lain deui ceuk Ahmad Sanusi nu biasa disebat
nenehna UCI, pupuhu kelompok Ternak Domba “MEDAL SALUYU” nu kakara ngajabat
janten ketua, inyana dipercanten pikeun ngokolakeun kelompok Ternak Domba “MEDAL
SALUYU” téh éstuning referensi ti kang Asép Bagio. Malahan pancenna pikeun
ngokolakeun domba téh kenging bantosan ti PJB Cirata ngalewatan program CSR na
saperti bantun domba. Kenging bantuanana téh aya dua tahap, saperti Tahap ka-1,
pihak PJB UP Cirata masrahkeun domba lobana aya kana 21 ekor ngawengku 1 jalu
jeung 20 bikang. Ayeuna populasina jumlahna kana 64 ekor tina sataun éta téh.
Pon kitu deui pihak PJB masihan deui Tahap ka-2 masrahkeun 26 ekor domba pikeun
penggemukan nu kakara sabulan katukang katarimana téh.
Uci miharep tina penggemukan nu ti PJB téa kapayunna mun geus meujeuhna di jual atawa di kaluarkeun tiap 3 bulan sakali, saterusna meuli deui bibit domba tina modal awal téa, jadi domba-dombana bakal leuwih loba deui alias anak baranahan.
Pihakna babarengan ngokolakeun ternak domba ieu téh teu leupas tina koordinasi jeung pihak Dinas Peternakan Kabupatén Purwakarta ogé sareng PJB Cirata. Pikeun bahan laporan populasi jeung penggemukan téa. Malah ayeuna dina milangkala sataun ieu ngabewarakeun ka pihak PJB yén hasil populasina anak baranahan.
Kukituna neda pidu’ana ka tamu-tamu nu hadir ieu hususna PJB UP Cirata nu dinahkodaan ku Manager Keuangan dan Admistrasi PT. UP. PJB UP Cirata, Pa Catur Budi P ogé pihak Disnakan Kabupaten Purwakarta diwakilan ku Ibu Hastin Probo Esti ti Bidang Peternakan Seksi Bina Usaha Peternakan jeung Pa Dian Seksi Pakan dan Sarana Prasarana Peternakan nu parantos milu aub pikeun ngokolakeun kelompok ternak Medal Saluyu. Lian ti éta ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bapa Kepala Désa Karoya (H. Endis Badrudin) nu parantos ngijinan tur ngarintis medalna kelompok ternak “Medal Saluyu” sarta Babinkamtibmas Polsek Pléréd, Aipda Sarim dina ngamankeun kaayaan lingkungan di wewengkon kelompok ternak.
Dina kasempetan éta ogé pihak Manager Keuangan dan Admistrasi PT. UP. PJB UP Cirata Catur Budi P nalika diwawancaraan doorstop ku Warta Sunda Online inyana ngabagéakeun tur ngarasa reueus wirehkna kelompok Ternak/Tani Domba “MEDAL SALUYU” dina sataunna téh tina populasi dombana tos undak tina 21 janten 64 ekor. Ieu minangka préstasi anu sakitu hadéna. Mugia kelompok ternak ieu tambah majeng tur domba-domba anak baranahan, sangkan tiasa ngaraharjakeun keur para anggota kelompok Ternak Domba “MEDAL SALUYU”.
Kituna ogé, “tina hasil nernak domba éta tiasa ngaregenerasi ka anggota-anggota nu aya dina koordinasi sareng kelompok
Ternak Domba “MEDAL SALUYU” téa. Sangkan leuwih berbagi jeung kelompok nu
lainna tina kamajengan hasil bantosan CSR nu dimekarkeun ka kelompok Ternak
Domba “MEDAL SALUYU”, pokna Catur Budi.
Disnakan Kabupaten Purwakarta nu diwakilan ku Ibu Hastin Probo Esti ti Bidang
Peternakan Seksi Bina Usaha Peternakan jeung Pa Dian Seksi Pakan dan Sarana
Prasarana Peternakan, ningali kelompok Ternak/Tani Domba “MEDAL SALUYU”
binaannana, sapagodos jeung nu dicaritakeun ku pihak Manager Keuangan dan Admistrasi
PT. UP. PJB UP Cirata Catur Budi P, yén sataun geus ngasilkeun populasi domba
leuwih ti setengahna jumlah nu dipasihan ku PJB. “Malah mandar pihakna dina hal
ieu mah masihan bekel ku mangrupa buku-buku administrasi pikeun cara pembukuan
ternak anu bener,” pokna Ibu Hastin.
Sedengkeun ceuk Babinkamtibmas Polsek Pléréd, Aipda Sarim dina mangsa
sasalad covid-19 ieu peupeujeuh ka kelompok Ternak/Tani Domba “MEDAL SALUYU”, sangkan
tetep merhatikeun protokolér késehatan dilaksanakeun kalayan daria.***
Pemred Warta Sunda Online keur ngawanohkeun ka pihak Manager Keuangan dan Admistrasi PT. UP. PJB UP Cirata Catur Budi P






0 Response to "21 DOMBA “MEDAL SALUYU” TI PJB SATAUN GEUS ANAK BARANAHAN"
Posting Komentar