WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kabiasaan Urang Sunda “NGAPUR” Ngasep/Ngageulis Imahna

Bupati Purwakart, Hj. Anne Ratna Mustika sabada olahraga sapédah, Juma’ah, 10/7/2020. Milu aub ngecet trotoar jalan diapit ku perwakilan ASN*

PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,

T

adi isuk sabada ngalaksanakeun olahraga sapédah, sim kuring nyempetkeun waktu pikeun ngecek kagiatan “NGAPUR” trotoar jalan. Ieu minangka tradisi urang Sunda hususna Purwakarta nalika rék ngayakeun hajatan, biasana mah ngasepan atawa ngageulisan imaha saméméh hajatan. Filosofi ieu diturutan ku para ASN Purwakarta.

Nilik, ping 20 Juli nu bakal datang minangka rék milangkala Purwakarta ka-52 taun jeung Kota Purwakarta ka-189 Taun. Ku kituna, Inyana umajak ka tiap ASN di Purwakarta sangkan ngapur patalimarga di sabaraha titik, ieu minangka “Tanda Cinta”. Kitu ceuk Bupati Purwakart, Hj. Anne Ratna Mustika sabada olahraga sapédah, Juma’ah, 10/7/2020.


Malah mandar, sim kuring ogé milu aub dina ngecet babaregan jeung para ASN lainna. “Geuning ngecet téh teu sagampang kitu waé, malahan hésé ogé, kedah ngajiwaan,” pokna.

Pihaknna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para ASN ku dedikasi nu parantos ngalaksanakeun kagiatan sosial, kagiatan ieu téh hasil inisiatif ASN Purwakarta dina babakti ka lemah cai pikeun ngawujudkeun Purwakarta Istimewa.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kabiasaan Urang Sunda “NGAPUR” Ngasep/Ngageulis Imahna"

Posting Komentar