Katerangan Poto :Petugas keur ngaevakuasi korban nu ti teuleum
di Danau Jatiluhur, Purwakarta, Senen (4/5/2020). (Foto: Gingin/JabarNews).*
JATILUHUR
- Warta Sunda Onliné,
JANG
Sulaéman warga Kp./Désa Cihuni Kecamatan Pasawahan. Alhamdulillah layonna
kapendak jam 16.00 WIB, Senen (4/5) ku pihak Tim
gabungan dari TNI-Polri, Basarnas Kabupatén Bandung, Dinas Pemadam Kebakaran
dan Penanggulangan Bencana (DPKPB) Kabupatén Purwakarta, ASDP Jatiluhur, Team
SAR Pramuka Purwakarta, Team SAR MTA Purwakarta, jeung Petani Kolam Jaring
apung.
Saperti nu diwartakeun ku Warta Sunda Onliné, ping 3
Mei 2020, nu judulna “Warga Cihuni Pasawahan
Titeuleum di Danau Jatiluhur”, ayeuna mah geus kapanggih layonna.
Saperti nu dilansir ti JABARNEWS | PURWAKARTA, malah kapendak layonna Ujang Sulaéman éta, ceuk Kapolres Purwakarta AKBP Indra Setiawan ngalewatan Kasat Polair AKP
Febriyanto, layonna téh dina kaayaan nangkuban
nu nganggo kaso singlet sarta calana pondok.
“Salila opat poé, éta layon teu
kapanggih, ahirna tim gabungan geus bisa nimu layon di wewengkon kolam apung
milik Aji nu teu jauh ti korban nu teuleum,” pokna Febriyanto.
Sanggeus dievakuasi, yén layon
éta téh pihak keluarga di pulasara tur kurebkeun di Kampung/Désa Cihuni
Kecamatan Pasawahan Kabupatén Purwakarta.***
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...