Pimpinan Guru Honorer Nonkategori Usia 35 +, Alhamdulillah, Aya Ibar Pikabungaheun
Katerangan : Surat Rekomendasi ti DPRD Jabar.*
JAKARTA – Warta Sunda Onliné,
|
S
|
aperti nu
dilansir jpnn.com, yén Ketua organisasi Guru dan Tenaga Kependidikan Honorer
Non-Kategori 35 Tahun ke Atas (GTKHNK 35+) Provinsi Jawa Barat, Sigid Purwo
Nugroho nepikeun ibar nu matak pikabungaheun ku ayana rojongan ti pemda sangkan
aranjeunna diangkat jadi PNS.
"Alhamdulillah,
akhirna GTKHNK 35+ Provinsi Jawa Barat kenging dukungan penuh ti DPRD Provinsi
Jawa Barat," pokna Sigid ka jpnn.com, Senen (4/5).
Dukungan
éta dibuktikeun kuayana surat rekomendasi DPRD Provinsi Jawa Barat nu ditujukeun
ka Ketua DPR RI Puan Maharani.
Rekomendasi
nu eusina rojongan ka Guru dan Tenaga Kependidikan Honorer Non Kategori Usia
35+ pikeun sagancangna diangkat jadi PNS ngalewatan Keppres.
"Sim
kuring ngahaturkeun rewu-rewu nuhun nu saageung-ageungna ka Komisi V DPRD
Provinsi Jawa Barat nu sok ngabantu perjuanganna," pokna Sigit.
Ceuk
Sigid, para honorer nu ngagabung jeung GTKHNK35+ di daérahna masih nungggu
dukungan sarupa ti Gubernur Jabar Ridwan Kamil, jeung ngantosan surat ka
Presiden Jokowi sangkan nerbitkeun Keppres éta.
Inyana
miharep, Bapak Gubernur ogé bisa ngadukung kana perjuangan saréréa, malah
mandar Pa Ridwan Kamil tiasa masihan surat ka Presiden RI pikeun nerbitkeun
Keppres PNS kanggo GTKHNK 35+," pokna.
Sigid nambahkeun,
mun ayana surat ti para kepala daérah nu geus ngiring ka GTKHNK 35+, dipihareo bisa
ngaléahmanahkeun haté Presiden Jokowi keur ngaluarkeun Keppres. (fat/jpnn)
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
