NGIDERKEUN PAKÉT
#NetRomadon1441_5
NGIDERKEUN PAKÉT SEMBAKO
Ari ayeuna mah teu kawas taun kamari. Guru-guruna langsung nu ngider ngabagikeun bingkisan. Aya 100 pakét cenah nu dibagikeunana téh. Nu ngiderkeunana téh Bunda Rita jeung Bunda Irma. Nya itung-itung bari ngabuburit wé. Balik ka imah téh indung Si Kucrit galécok meunang pangalaman anyar. Kagiatan babagi nu dilaksanakeun pas jeung Hari Pendidikan Nasional 2 Mei téh lumangsung lancar. ***
#NetSofyanPost_LawanKorona
Potrét: Irma
NGIDERKEUN PAKÉT SEMBAKO
Numpi téh geus ampir dua bulan. Tapi lain hartina ngaligeuh teu puguh, loba nu dipigawé mah. Kitu deui para guru. Sanajan teu indit ka sakola tapi apan diajar mah bisa di imah. Éta wé geura guru TK jiga indung Si Kucrit da katénjona téh mani sibuk. Unggal poé ngadeluk kana hapé jeung laptop. Sok loba pikaseurieun sarta pikalucueun ngasuh barudak téh. Laporan kagiatan sapopoé dikirimkeun kana WhatsApp.
Geuning teu cukup ku ngajar, urusan administrasi ogé dipaju. Ah, da meureun ku resep jeung tanggungjawab nya dilakonan wé. Laporan ka dinas can réngsé, jol intruksi ti kepala sakola. Cenah urusan babagi sembako. TKIT Imam Muslim Komplek Griya II Jatinangor boga kagiatan babagi bulan romadon. Kagiatan éta téh geus maneuh unggal taun. Waragadna lian ti yayasan ogé ti para donatur. Dina romadon taun ieu mah waragadna murni ti yayasan. Ari nu meunang bantuan téh kaum du’afa di sabudeureun komplék jeung para asistén rumah tangga. Datana meunang ti RT. Tuluy dina waktuna ngabring ka sakola pikeun meunang bingkisan.Ari ayeuna mah teu kawas taun kamari. Guru-guruna langsung nu ngider ngabagikeun bingkisan. Aya 100 pakét cenah nu dibagikeunana téh. Nu ngiderkeunana téh Bunda Rita jeung Bunda Irma. Nya itung-itung bari ngabuburit wé. Balik ka imah téh indung Si Kucrit galécok meunang pangalaman anyar. Kagiatan babagi nu dilaksanakeun pas jeung Hari Pendidikan Nasional 2 Mei téh lumangsung lancar. ***
#NetSofyanPost_LawanKorona
