Najan korona Anteur-anteur tatangga Tetep laksana
Ti dinten Minggu mula, nu nganteuran tos jul-jol. Padahal di dieu téh teu sanak teu kadang, tapi Alhamdulillah seueur nu ngaraku, asa ka kolot cenah, asa boga hutang mun teu nganteuran. Sok ngahaja ditaros, "mani sagala nganteuran, aya kitu kanggo mésér dagingna?"
"Alhamdulillah aya, Bu. Ngaraosan wéh sakedik séwang," cenah. Nu namina sakedik téh mani satengah rantang.
Aya deui nu datang, "Bu, ayeuna mah nganteuranna teu didagingan, ieu wéh wungkul," cenah bari ngasongkeun buntelan, eusi sangu sabaskom alit nu ditumpangan ku bakakak.
"Atuh keun wèh tong sok maksakeun nganteuran,"
"Sanés hayam kénging mésér ieuh pan, Bu, Alhamdulillah boga hayam ayeuna meujeuhna peunciteun, malah bisa ngajual sagala." Tuh, berkahna nu daék iinguan.
Sakumaha biasa, rantang atawa buntelan sok dibarengan ku kérésèk eusi kuéh, aya ranginang, téngtêng, goréngan kacang, seroja, malah nu eusi peuyeum jeung dodol gé aya.
Matak ti dinten Minggu teu balanja, ukur mésér waluh wéh kanggo kulubeun.
Hapunten, ngotrétkeun ieu tèh taya maksud nanaon, ukur némbongkeun yén di lembur mah tradisi anteur-anteur ka kolot masih aya. Komo ieu anyar panén jaba seueur nu kénging BLT, aya ogé nu kénging artos ladang nabung di sakola, lebaran ayeuna najan riweuh ku korona, tetep bisa anteur-anteur, maranèhna sugema.
#Carita_Nenden Hernika.
22-05-2020


0 Response to "Najan korona Anteur-anteur tatangga Tetep laksana"
Posting Komentar