MOTEKARKEUN PANGALAMAN
Artikel ieu kungsi dimuat dina Warta Sunda édisi citak, sawatara taun katukang. Pamugi pidangan artikel ieu kanggo nambih pangalaman urang saréréa dina mikacinta kana budaya Sunda.
Redaksi.
MOTEKARKEUN PANGALAMAN
KU : MAS GUNAWAN WALUYO (ALM)
DI ROPEA DEUI KU : ANTO SUKANTO
PIHATUR NU NYUSUN
MAS GUNAWAN WALUYO (ALM)
Sampurasun,
Peryogi kauninga wiréh teu sadayana rumaja kiwari anu resep kana budaya
Sunda téh, aya diantawisna mertelakeun pajar buku Sunda mah parantos tinggaleun
jaman. Kanggo ngawaler cariosan nu kitu, teu aya deui lintang ti kedah
remen-sareng leukeun ngawanoh-wanohkeun budaya Sunda ka rumaja kiwari, utamina
marurangkalih supados istilah "jati
kasilih ku junti" moal kaalaman fiususna dina widang seni budaya urang
Sunda, teu kasered ku budaya deungeun.
Ari ku kituna mah sok karaos ku sim kuring, butuhna kasusastraan Sunda mangrupi kawih, dongéng Sunda sareng
sajabina téh upami pareng mayunan tujuh belas Agustusan pedah dina mangsa
harita mah boh sepuh boh murangkih téh sok ting kuriling milarian kanggo acara
anu aya patula-patali sareng kabudayaan Sunda pibakaleun manggung jadi artis
sageprakan kanggo ngalebetan acara milangkala Kamerdekaan Republik lndonésia.
Kajururg ku kahoyong ngamumulé budaya Sunda, sanaos bari sareng
gupuy-gapay, rarang-rorong saperti leumpang di nu poék bari sareng teu nganggo
obor, sim kuring maksakeun manéh ngempelkeun bahan sakapendakna, da ngahaja mah
neda tulung ka nu sanes teu aya pisan pamuntangan, kangge sim kuring mah hal éta
mangrupikeun hiji ujian naha kinten-kintenna tinekanan henteu maksad sim kuring
téh.
Kangge sim kuring mah, kahoyong budaya Sunda téh tetep ngajanggelék sa tatar Sunda, nyambuang, sanusantara tiasa ngambah buana. Upami kabiruyungan téh panginten punah sésa yuswa téh tiasa dianggo
ngamumlé budaya Sunda.
PANGBAGÉA
MAKSAD SARENG TUJUAN
Budaya Sunda anu kiwari katawisna ku sawatara kalangan rada laas,
pamugi buku Sunda ieu, tiasa nambihan euyeubna khasanah kasusastraan Sunda
kanggo nambihan pangaweruh dina adat cahara sareng palsafah urangSunda dina enggoning hirup kumbuh.
Kuayana
pamendak dumasar panalungtikan para budayawan/sastrawan Sunda, ageung harepan,
budaya Sunda téh tiasa langgeng, teu dianggo mung sabengbatan atanapi nu
tangtos, nanging sing tiasa ngancik dilingkungan masarakat, supados tiasa
janten sabagian tina budayana. Udagan anu badé dihontal dina medalkeun ieu buku
diantawisna:
Misi Dasar
Kasundaan
Luyu
sareng program Pamaréntah Provinsi Jawa Barat, kanggo kalanggengan budaya
Sunda, diantawisna ngaronjatkeun harkat darajat, seni budaya masarakat nu nyunda,
nu teu kedah ditingali golongan,
suku, ras, agama sareng sajabina.
Panarik
Ati
Pedalan Kasusatraan
Sunda ieu dipiharep supados somah sareng sémah, ti kalangan Birokrat, Pengusaha,
Ulama, Mahasiswa, Pelajar turis lokal atanapi turis mancanagara masararat
umumna, tiasa katarik ati ku rupi budaya-budaya Sunda anu parantos dipiwanoh
boh anu masih kénéh teu acan dipiwanoh.
Panineungan
(Pangwawaas)
Umajak
nyoréang alam ka tukang kaayaan di tatar Sunda,
mintonkeun ka balaréa wiréh di tatar Sunda téh, kasenian sareng
kabudayaanana teu kirang ti awit pangadeg (busana), katuangan, miwah leueuteun, kamonésan/karajinan,
kasenian mangrupi tari, kawih ditambih ku rempegna rupi-rupi waditra anu ditakol,
ditiup ditepak jeung sajabina.
Mulasara
adat guyub (gotongroyong)
Ti jaman
kapungkur, urang Sunda parantos kawentar kagungan sifat silih tulung
tinulungan, ramah tur soméah, dipiharep dina karya ieu katawis rempug jukungna
antawis ulama sarengumaro, somah sareng sémah silih ajénan, kitu ogé masarakat umum henteu
pagaliwota janten panghalang, teu ngabentenkeun sagala rupi golongan, suku ras
atanapi agama.
Ngawanohkeun
Motékarna Budaya Sunda
Kanggo ngawuwuhan
para rumaja kiwari, sareng ka sing saha waé nu teu acan terang kana budaya
Sunda, ageung harepan tiasa ngarempegkeun ka sing saha waé nu mikareueus budaya Sunda.
Ka
bujangga, seniman seniwati Sunda nu parantos moyan, kuring meredih kritik saran
anu sifatna ngarojong, supados maksad simkuring tinekanan.
Bobo
sapanon carang sapakan, tur langkung kepang halang, neda tawakuf si hapuntena
bilih pedalan ieu seueur nu lepat sinareng maksad na mah
mamanawian tiasa ngeuyeuban website nu parantos aya.
Rampes
Nu Nyusun
Mas Gunawan Waluyo (Alm)
PIHATUR
PANGBAGEA
DAFTAR EUSI
A.
LALAJO WAYANG
B.
NYORÉANG KATUKANG
C.
OBROLAN DI POS RONDA
D.
CARITA BALADA LEBARAN
E.
SUPREMASI HUKUM
F.
WASIAT KI SOBAT
Cag.
