WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

G U N G C L O





1.  G U N G  C L O

B

iasana éta babasan “Gung Clo“ sesebutan babakuna pikeun nu resep lalajo kana kasenian anu waditrana maké Goong. Tumerapna éta sesebutan gung clo téh diantarana napel ka kuring, pedah lamun pareng aya nu tatanggapan mangrupa kasenian utamana Seni Sunda,  babakuna lamun diparengkeun aya helaran Wayang Golek,  sabab saméméh   goong ditabeuh téh kuring mah geus nyampak aya di luhur panggung gigireun tukang goong. Anu jadi alesan pangna kuring diuk deukeut tukang goong, taya lian nyaéta sangkan bisa ngaregepkeun kumaha ketakna Dalang ti kadeukeutan waktu medar lalakon jeung keur ngigelkeun wayang. Aya deui alesan séjén nyaéta waktu palebah nu boga hajat méré opieun ka panayagan kuring sok rajeun kaagehan, komo lamun pareng  tukang goongna anu bageur mah tur aya paleuleuwih lebah ngabagikeun opieun, éta paleuleuwih téh sok dibikeun ka kuring, tampolana sok mindeng kuring dibéré hancengan disaruakeun jeung panayagan nu séjén.

Pikeun  nu boga hajat nu beunghar tur bageur mah tara ieuh  ngitung sabaraha lobana panayagan anu aya dipanggung,  sakumaha paménta nu aya di luhur panggung, satungtung masih kénéh ménta tambah opieun atawa dahareun teu weleh diladenan waé.

Sangkan tempat teu kapiheulaan ku batur, biasana bada sholat Isya téh kuring mah geus nangtung di juru panggung lebah tukang goong bari culang cileung nunggu kasempetan pikeun naék kana luhur panggung. Ku naon maké culang cileung kawas anu boga dosa?. Kuring mah culang cileung téh sabab sieun kaperego ku kaamanan nu ngajaga panggung, ari geus karuhan panayagan naraék ka panggung mah sarta dianggap aman, sanajan bari rada seber bisi katohian ku Hansip, kalacat waé kuring téh naék ka panggung.

Pikeun di kampung kuring mah saban aya anu helaran wayang golek, aya aturan ti nu boga hajat saméméh rombongan wayang golek hanjat ka panggung, salian ti Dalang, Juru Kawih jeung Panayagan teu meunang aya nu naék ka luhur panggung, maksudna supaya teu ngaheurinan ka panayagan.***

Cag.

Subscribe to receive free email updates: