WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Deni Wijaya, Dianggap Corona ku Médsos


Hasil tina medsos WhattsApp

PLÉRÉD – Warta Sunda Onliné,
M

AHABUNA informasi di média social teu bisa kabendung sagalarupina. Antukna informasi antara hoax jeung henteuna mah pacampur ngahiji. Dina hal ieu mah, masarakat kudu pinter jeung milah-milah informasi nu katarima. Saperti halna di Désa Palinggihan Kecamatan Pléréd poé Saptu, (2/5), tadi geunjleung aya saurang warga keuna covid 19.

Ungkara di luhur éta pikeun redaksi langsung koordinasi sareng pihak-pihak terkait sangkan narima informasi anu saujratna.

Warta Sunda Onliné koordinasi lewat seluler sareng Camat Kecamatan Pléréd, Pjs Kadés Palinggihan sarta Kepala Puskesmas Pléréd. Dihandap ieu hasil wawancara ngaguar medsos nu sumebar di WhatsApp.

Camat Kecamatan Pléréd, Asep Sonjaya ngeceskeun, yén inyana ngabenerkeun aya wargana Désa Palinggihan nu teu damang. Malah mandar wargana téh ti kamari soré (Juma’ah, 1 Mei 2020) pasieun rujukanana dibawa ka Rumah Sakit Thamrin. Pihakna dibantos ti puskesmas jeung rengrengan pikeun ngaantisipasi kaayaan pasieun jeung kulawargana sangkan tong keuna ku virus covid 19. Ngeunaan wargana ngantosan informasi salajengna ti pihak rumah sakit.   

Lain halna ceuk Atep (Pjs. Kadés Palinggihan), pihakna ngabenerkeun yén Deni Wijaya. (22), panganjrekana di Kp. Pangkalan RT.006/RW.003 Désa Palinggihan Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta nuju teu damang. Ku kituna pikeun leuwih apal saujratna tina panyawat wargana, manga informasi sareng kronologis sagala rupanna aya di Kepala Puskesmas Pléréd. Inyana teu tiasa mastikeun yén wargana keuna corona henteuna. Malahan inyana apal yén wargana dipariksa ku rapid tes (pengecekan). “Ngarah langkung apal éta rapid tes téh nu leuwih kompeten mah Dinas Kesehatan,” pokna Atep.  
Hasil tina medsos WhattsApp

Sedengkeun nu kasauran Kepala Puskesmas Pléréd, Erna Siti Nurjanah, ngabenerkeun pihak puskesmas ngadongdong langsung ka pasien urang Palinggihan. Malah pihakna di aping sareng Pa Camat, Pa Kadés sareng nu sanésna cepat tanggap dina isu dina médsos.

Tina cacariosan sareng pihak keluarga, Erna ngajelaskeun ka Warta Sunda Onliné nu sabenerna nu karandapan ku Deni Wijaya, yén ibuna ngeceskeun nu jadi putrana téh keluhanna teu raraos. Nepika berobat ka Asri Cianting di duga panyawat DBD, kedah dirawat tapi anjeuna uwih heula badanten sareng badanten jeung kulawarga soréna angkat ka RS. Thamrin,” kitu basa nyarioskeun cacariosan ibuna Deni.

Ceu Erna, pihak RS. Thamrin tangtos pasien di Screening heula, nilik tina protapna teras dilakukan tes rapid tes. Rapid tes nunjukeun positif. Rapid tes ieu téh mengenal sebuah penelitian/penyelidikan tentang tes rapid. Jadi rapid tes téh keur mengsreening yén tubuh pasien keuna virus. Jadi dina hal ieu mah, yén nu keuna virus corana heunteuna mah, salajengna kedah di sweeb. Sweeb éta tina cairan nu dicampur kana irung sareng genggerongan. Bérésna tina penelitian éta téh hasilna nepika tujuh poé, éta paling cepet. Janten teu acan katingal positif corona/virus covid 19, untuk mencegah terjadinya penyebaran bilih positif dalam waktu 7 hari. Tangtos éta pasieun téh diisolasi di rawat di rumah sakit.

Sedengkeun keluarga nu kamari nganteur ibuna, ambulana sareng ibu kaderna tangtos kedah diperhatikeun. Diperhatikeun ku di isolasi mandiri. Mun nepika tujuh poé kitu waé komo nepika opat welas poé. Kakara hasilna katarima ku pihak keluarg.

“Mudah-mudahan tong nepika opat welas poé, sukur-sukur nepika lolos,” pokna Ibu Kepala Puskesmas.

Pihakna miharep sami-sami ngadu’a, mudah-mudahan hasil suweb laboratorium negatip corona.

Inyana ogé mang hanjakalkeun nepika infomasi nu can puguh bener henteuna keuna ku virus corona nepika sakitu raména.

Pihakna, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka aparat désa nu tos ngajaga sakumaha mistina ku cara nyieun portal jeung nyayagakeun tim medis pikeun mariksa rapid tes, éta luar biasa. Kalih ti éta keur ngajaga wargana tong nepika keuna ku virus Corona sarta ngajaga kejahatan,” pokna Erna mungkas obrolan tina selulerna.***

Subscribe to receive free email updates: