WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BÈWARA PENTING : Pasanggiri Maca Sajak Sunda _Online_ Tingkat SMP/MTs sa- Kabupatén Purwakarta 2020

BÈWARA PENTING



Pasanggiri Maca Sajak Sunda Online Tingkat SMP/MTs sa- Kabupatén Purwakarta 2020

Assalaamulakum!

Dina raraga nyumponan pameredih Program Study from Home  Disdik Purwakarta sajeroning mangsa darurat  Covid-19  , MGMP Basa Sunda SMP/MTs. Kab. Purwakarta baris:

1. Medalkeun majalah édisi mangsa darurat Covid-19 anu eusina rupa-rupa karya tinulis  siswa-siswi SMP/MTs. Kab.Puwarkarta  dina sajeroning nyumponan pancén PJJ basa Sunda ti guruna séwang-séwangan ( karýa sastra, KTI, iklan sosial, jsb.);

2. Ngayakeun pasanggiri macakeun sajak Sunda téma Covid-19 meunang karangan sorangan (dina wangun vidio) tingkat SMP/MTs. sa-Kabupatén Purwakarta, marebutkeun piala MGMP (sertifikat Kadisdik).

Ku kituna, ka sadaya guru basa Sunda SMP/MTs. Kab. Purwakarta dipamrih pangrojongna kanggo ņyukséskeun dua agénda nu disebatkeun di luhur ku cara ngintunķeun karya-karya siswa pinilih nu jadi wawakil sakolana masing-masing ka pihak ais pangampih MGMP!

Hurip Sunda!

Wassalaamu'alaikum wr. wb.!


Pituduh Tehnis :

1. Majalah Édisi Covid-19 (Citak & Online )

Eusi majalah husus medalkeun karya sastra ( sajak, carpon, sisindiran, rumpaka pupuh jsb.) atawa karya tulis  ilmiah, iklan sosial jsb.  anu dipastikeun mùrni hasil karangan siswa sarťa kapilih ku guru basa Sunda di sakolana maşing-masing.
Tiap guru basa Sunda diwajibkeun,  sakedikna ngintunkēun hiji (tiasa langkung ti hiji)  karýa siswa pinilihna ka website  MGMP, https://mgmpsundapwk.blogspot.com telatna kaping 05 Méi 2020.

2. Pasanggiri Sajak Sunda  (rékaman vidio)
Tiap sakola ngalangkungan guru basa Sunda wajib ngintunkeun minimal 1 (hiji) tayangan vidio sajak siswa téma COVID-19 minangka perwakilan masing-masing sakolana. Tampilan Vidio landscape tanpa latar musik, samentawis ngeunaan  téhnik maca, kostum, latar tempat,  ornamén, kulitas vidio, jsb. bébas luyu   jeung  kamonésanana séwang-séwangan.
Vidio dikintukeun ka panitia via email: mgmpsundapwk@gmail.com , lomba MGMP,  telatna kaping 05 Méi 2020.
Sadaya vidio ditampilkeun di chanel Purwakarta TV. Pamilon paforit ditangtukeun tina jumłah anu panglobana di- like.

Pasanggiri Maca Sajak Sunda _Online_ Tingkat SMP/MTs sa- Kabupatén Purwakarta 2020

Subscribe to receive free email updates: